Kolom Sosial Politik

Kaum Plintiran

0

 

Ku: Ridhazia

FRASA  “kaum plintiran” dina kontéks média sosial nuduhkeun kana kelompok netizen anu sacara saderhana atawa memang sengaja ngabalikeun fakta jeung data dina média sosial.

Ku kituna, plintiran — tina kecap plintir anu hartina ngaléokkeun atawa ngapilinkeun hiji hal nepi ka robah wangunna — jadi hiji kanyataan anyar anu bisa kajadian iraha waé.

Plintiran téh kanyataan anu bakal tumuwuh jeung terus ngembang salila jaman post-truth can bener-bener leupas tina akarna.

Ngabohong téh geus biasa!

Teu kudu robah téks aslina, ngarobah kontéks nepi jadi samar ogé geus dianggap hal lumrah. Malah ngabohong, saha anu bisa ngalarang?

Kabohongan dina jaman média sosial bisa nyamar jadi kanyataan, tibatan néangan kanyataan anu saéstuna.

Kalawan kecap séjén, fakta obyéktif ayeuna mah kurang boga pangaruh dibandingkeun opini anu dicampur ku émosi jeung kayakinan pribadi.

Malah, kabohongan anu dipopulerkeun minangka “kanyataan alternatif” téh sok mibanda bobot leuwih beurat tibatan bukti-bukti anu nyata.

Geuningan nu kitu wae, nyusahkeun…*

  * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.