Kolom Sosial Politik

Jurnalis Tragis Al Jazera

0

 

Ku: Ridhazia

DUNYA  ayeuna kaleungitan panon jeung ceuli sakaligus saksi kabiadaban jeung kakejeman tentara zionis di Jalur Gaza Kalér, Paléstina.

Jurnalis Al Jazeera Anas al-Sharif anu salila ieu paling getol ngalaporkeun liputan langsung ti daérah konflik, tiwas katempuhan serangan udara Israél.

Anjeunna dipikawanoh minangka jurnalis teuneung kludeung pinuh kawani, ogé peliput anu paling konsisten ti garis hareup perang Israél-Hamas anu mimiti kadéngé di Gaza saprak 7 Oktober 2023.

Saha ari Sharif?

Anas Al-Sharif lahir taun 1996 di Kamp Pangungsian Jabalia, Jalur Gaza. Anjeunna lulusan sarjana komunikasi massa kalawan fokus média siaran di Universitas Al-Aqsa.

Karirna dimimitian sanggeus magang di Al-Shamal Media Network saméméh ngagabung jeung Al Jazeera minangka koresponden Gaza Kalér.

Dina bulan Désémber 2023, geus aya tanda-tanda yén anjeunna jadi target Israél, nalika imah jeung kulawargana di Jabalia dibombardir ku militér Israél.

Ayeuna almarhum kacatet minangka salah sahiji tina 238 jurnalis anu gugur dina konflik Israél-Hammas.

Sedengkeun Al Jazeera (الجزيرة) anu hartina “pulo” atawa “jazirah” tempat Anas Al-Sharif digawe téh mangrupakeun stasiun télévisi basa Arab jeung basa Inggris anu berpusat di Doha, Qatar, sarta geus operasi saprak taun 1996.

Stasiun TV ieu mimiti jadi populér sanggeus serangan 11 Séptémber 2001. Salaku jaringan bérita internasional, Al Jazeera bisa nyangking kasuksésan nepi ka bisa nandingan British Broadcasting Corporation (BBC) anu geus aya ti taun 1922 sarta berpusat di London, Britania Raya.*

  * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat. 

You may also like

Comments

Comments are closed.