SundaNews (21/12/2024). Unggal poé haneuteun sanajan lain bulan puasa nyanghareupan lebaran. Kitu kaayan nu kasorang ku para padagang batik di Pasar Baru Kota Bandung, Jawa Barat, Minggu 15 Desember 2024. Para padagang muka lapak ti isuk-isuk nepi ka wanci sareupna, ngaladénan pangunjung ti sababaraha kota di Indonesia malah loba oge nu ti Malaysia. Batik nu dijual teh mibanda rupa-rupa corak atawa motif boh tradisional, boh corak semimodern, atawa corak tradisional nu diadumaniskeun jeung corak modern. Batik memang lain saukur barang dagangan tapi oge ku Unesco geus dipahuetukeun sabage warisan budaya milik bangsa urang nu kudu salawasna dimumule. (Foto: Sunda News/Reina Septiana Dewi)
Comments