Kolom Sosial Politik

Jalan Rumpil Pesohor, Teu Otentik Jeung Narsis

0

 

Ku: Ridhazia

Popularitas asalna tina kecap populer, hartina kasohor. Bisa ogé dihartikeun dipikaresep ku jalma saloba-lobana, atawa disebut pesohor atawa selebritas.

Jadi pesohor téh pikeun sabagian jalma mah kawas jadi takdir hirup. Siga hiji kahayang anu henteu diucapkeun atawa henteu disadar, supaya bisa dipikawanoh jeung diinget ku batur. Tangtu waé aya résiko hadé jeung goréng anu baris tumiba ka manehna.

Henteu Otentik jeung Kasingkur

Pesohor anu miboga labél sosial saperti artis, pulitikus, pajabat publik, tokoh agama jeung sajabana sok nyanghareupan rupa-rupa masalah.

Salah sahijina nyaéta kapribadian pesohor téh henteu deui otentik. Hartina, henteu asli tina jati dirina sorangan. Anjeunna henteu ngagambarkeun kalakuan alami sorangan.

Tingkah laku, omongan, jeung paripolahna sok diatur atawa dipalsukeun, jadi jalma anu henteu jujur ka dirina sorangan. Kasingkur tina jati dirina jeung leuwih nuturkeun standar anu ditetepkeun ku publik atawa fansna.

Éksklusif jeung Narsis

Impian tina kawentar biasana dibarengan ku aksés kana perlakuan husus pikeun para pesohor. Dipuja-puja.

Kapujian ti masyarakat téh tungtungna nyieun pesohor hirup sacara éksklusif. Anjeunna jadi ngalawan sifat manusa nu sabenerna bébas jeung merlukeun kasaluyuan jeung diri sorangan.

Kalayan pikiran nu leupas tina kacapean, sabenerna bisa ngarasakeun mindfulness nalika ngalakukeun naon waé, pikeun nyéépkeun waktos anu bermakna keur dirina sorangan.

Tapi lain kitu jeung pesohor. Para pesohor téh mindeng pisan raket jeung narsisme, nyaéta ciri kapribadian nu ditandaan ku rasa penting nu kaleuleuwihi ka diri sorangan. Maranéhna butuh dipikaresep tapi kurang empati ka batur.

Kaasingan

Narsisme dina diri pesohor téh jadi hiji hal anu perlu dijaga sangkan mesin kawentarna terus jalan.

Tapi di sisi séjén, narsisme éta ogé nu nyababkeun maranéhna kaasingan. Hartina ngarasa nyorangan, euweuh nu maturan, euweuh nu malire, euweuh nu merhatikeun. Lir singa di tengah leuweung sosoranganan.  Ceuk bahasa ayeuna mah disebutna teh autis.

Kasalempang dina kasorangan jadi résiko nu écés, utamana waktu popularitasna mimiti turun. *

    * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *