Ku: H. Tatang Sumarsono
Iwa Kusumasumantri, tokoh nasional kalahiran Ciamis, tanggal 30 Mei 1899. Dina mangsa jumenengna, Iwa kungsi nyekel jabatan parenting di ieu nagara. Ngan hanjakal dina ka tungtungnakeun aya tudingan miring, tepi ka ngaranna bangun nu ngahaja ditilemkeun tina percaturan kabangsaan.
Iwa téh ahli hukum, tur ancrubna kana éta widang ti jaman kolonial kénéh. Léngkah-léngkahna dianggap ngabahayakeun ku pamaréntah Hindia Walanda. Éta pangna ahirna mah Iwa dihukum buang dibarengkeun jeung tokoh pergerakan lianna, tepi ka taun 1941.
Saméméh gubrag alam merdéka, Iwa kaasup kana kelompok Bapa Bangsa anu ngabaladah pijalaneun pikeun disusunna konstitusi nagara. Éta tarékah téh dipigawé babarengan jeung tokoh pergerakan séjénna dina wadah Badan Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdékaan Indonesia (BPUPKI), diteruskeun deui dina Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI).
Jabatan penting anu kungsi dipercayakeun ka Iwa dina alam merdéka di antarana waé Menteri Sosial dan Perburuhan, Menteri Pertahanan, Rektor Unpad, Menteri Pendidikan Tinggi dan Ilmu Pengetahuan, jeung Menteri Negara. Puguh gé matak hanjakal, dina ahirna bet jadi dicap kurang hadé.
Sadudulur aya 12 urang, ari Iwa cikalna, ti pasangan Radén Wiramantri jeung Nyi Radén Réjaningsih. Wiramantri téh guru, mungkaskeunana jadi kapala sakola, di Ciamis; status sosialna kaasup kana golongan santana (kelas menengah). Dina diri Iwa gé aya getih seni deuih, turunan ti indung, anu keur mangsa jumenengna resep mamaos jeung nganggit karangan.
Ti keur leutikna kénéh ogé geus katémbong yén Iwa téh calakan tur nyongcolang. Waktu lulus ujian ogé, angka dina ijasahna nyugemakeun. Éta pangna teu hésé neruskeun ka sakola nu leuwih luhur gé. Iwa neruskeun ka OSVIA (Opleidingschool voor Inlandsche Ambtenaren, nyaéta sakola pikeun ngadidik calon pamongpraja) di Bandung.
Sakolana di dinya teu tepi ka jucung, lantaran aya hal-hal anu dianggap teu luyu jeung gerentes haténa. Nya pindah wé ka Batavia (Jakarta), neruskeun sakola ka Rechtschool (Sakola Hukum). Namatkeunana taun 1920.
Cita-citana pikeun neruskeun sakola tetep ngagedur. Malah kahayangna téh kuliah di Nagri Walanda, neruskeun kaahlianana dina widang hukum. Hanjakal kandeg, lantaran teu nyampak waragadna. Antukna mah Iwa digawé di pangadilan. Mimitina di Bandung, terus dipindahkeun ka Surabaya, sarta ahirna di Jakarta.
Dina jero dua taun Iwa digawé, kukumpul duit pikeun waragad sakola. Dibélaan hirup perecit, da kudu rikrik gemi téa. Nya ari ku keyeng mah Iwa bisa neruskeun sakola ka Fakultas Hukum di Rijkuniversiteit, Leiden, bari pikeun ongkosna téh ditarambahan ku kolot katut babarayaan lianna.
Taun 1922, Iwa miang ka Walanda. Nya ti harita wawasanana beuki ngalegaan, utamana élmu pangaweruh nu patali jeung paham kabangsaan. Iwa remen sagulung-sagalang jeung papada mahasiswa anu ngagabung dina wadah Perhimpunan Indonesia (PI). Ari PI téh apan organisasi anu ngawadahan generasi ngora Indonésia anu keur tolab ilmu di luar negri, tur tujuanana pikeun ngahontal kamerdékaan Indonésia. Karék gé sataun aya di Walanda, Iwa geus meunang kapercayaan jadi Ketua PI.
Minimna bekel ngalantarankeun Iwa kudu hirup prihatin, malah deukeut-deukeut kana susah. Bekel anu dibawa ti sajungna indit téh ukur cukup pikeun ongkos wungkul, da ari pikeun saterusna mah kapaksa Iwa kudu néangan pangupa jiwa.
Aya mangsa-mangsa anu matak kacida prihatinna. Pikeun dahar sapopoé, Iwa cukup ku ngadahar roti tawar anu geus garing, terus dianclomkeun kana cai hérang. Padahal harita keur usum tiris, anu sakuduna mah leuwih loba ngonsumsi kadaharan anu ngandung gizi jeung loba unsur kalorina.
Najan hirup prihatin, tapi Iwa teu peunggas harepan. Malahan mah kapeurih téh jadi cukang lantaran pikeun tambah sumanget dina diajar. Iwa beuki soson-soson nyuprih élmu. Dina waktu tilu taun, kuliahna bisa réngsé, sarta meunang gelar Mr. alias Meester in de rechten (sarjana hukum). Ti dinya mah terus waé mulang deui ka lemah cai.
Ku geus jadina ahli hukum, saenyana lolongkrang pikeun digawé di lingkungan pamaréntah téh muka. Tapi, Iwa ngarasa teu cocog jadi pagawé pamaréntah. Geus kasaksén ku dirina waktu keur jadi pagawé pangadilan di Surabaya. Iwa apal pisan kana prosés disidangkeunana HOS Tjokroaminoto, Ketua Syarikat Islam, alatan perjuanganana dina pergerakan nasional. Kitu deui Iwa nyaksian disidangkeunana jalma-jalma anu ancrub kana perjuangan di Cimarémé, Garut. Dina éta peristiwa, Haji Hasan Arif jeung sawatara santrina anu kieur merjuangkeun kaadilan, dibedilan ku pasukan marsose Walanda.
Bangsa pribumi dikakaya ku penjajah, padahal keur meredih kaadilan jeung hak-hak hirup anu sakumaha mistina. Iwa ngarasa nyeri haté, tapi teu bisa kukumaha. Éta pangna ahirna Iwa milih profési jadi pangacara, kalawan harepan bisa ngabéla bangsana.
Sajaba ti jadi pangacara, Iwa angger aktif dina pergerakan kabangsaan. Pandangan pulitikna dikamlirkeun ka Partai Nasional Indonesia (PNI). Sajaba ti éta, Iwa téh mingpin koran Matahari Indonesia.
Mimitina Iwa jadi pangacara di Bandung, pindah ka Jakarta, terus ka Médan. Iwa mindeng ngabéla para buruh perkebunan di Déli anu urusan di pangadilan alatan ngarempak kontrak gawé. Kungsi deuih merjuangkeun kapentingan urang Batak dina nangtukeun saha-sahana nu boga hak jadi pendeta, anu asalna sok dieusian waé ku urang Walanda.
Dina pandangan pamaréntah kolonial, Iwa lain waé ahli hukum, tapi deuih tokoh pergerakan anu ngabahayakeun jeung ngaganggu kapentingan kolonialismeu. Taun 1929, Iwa ditangkep, laju digebluskeun ka penjara di Medan, dipindakeun ka Jakarta, ahirna dibuang ka Banda, babarengan jeung Moh. Hatta, Sutan Syahrir, katut Cipto Mangunkusumo.
Welasan taun aya di pangbuangan. Ti Banda, dipindahkeun ka Makasar, terus ahirna dibébaskeun saméméh cunduk jaman Jepang. Dina jaman harita, tokoh-tokoh pergerakan lianna ogé sarua dibébaskeun ti pangbuangan, di antarana Ir. Soekarno.
Sanggeus bébas, Iwa balik deui jadi pangacara di Jakarta, babarengan jeung Mr. A.A. Maramis. Lian ti éta, kungsi ngayakeun kursus pulitik pikeun generasi ngora deuih, midangkeun matéri perkara hubungan internasional.
Léngkah perjuangan Iwa beuki tandes sanggeus nagara urang merdéka. Iwa lain waé tokoh anu nempatan posisi penting di pamaréntahan, tapi deuih inteléktual anu getol nulis buku. Anu disusun ku Iwa lain wae élmu pangaweruh ngeunaan hukum, tapi deuih sajarah. Karyana anu nyongcolang nyata Sejarah Revolusi Indonesia, tilu jilid. Ngeunaan révolusi, tangtuna Iwa apal inya, da dirina jadi bagian tina éta peristiwa.
Karya Iwa séjénna di antarana waé Ilmu Hukum Keadilan, Revolusionalisasi Hukum Indonesia, Ke Arah Perumusan Konstitusi Baru, Pengantar Ilmu Politik, Pokok-pokok Ilmu Politik, Pemberontakan 30 September, Analisa tentang Peristiwa-peristiwa di Sekitar Proklamasi, jeung Sang Pejuang dalam Gejolak Sejarah: Otobiografi. Karya lianna anu tacan medal nyaéta riwayat Nabi Muhammad jeung para sahabatna, anu ditulis waktu keur jaman dibuang di Banda, jeung aya anu ditulis dina basa Inggris, nyaéta Movement in Indonesia.
Dina jaman révolusi aya tudingan miring ka dirina yén Iwa rada ngénca alias deukeut-deukeut kana paham kuminis. Lian ti éta, Iwa dianggap boga andil kana lumangsungna babarontakan 3 Juli 1946, jeung dianggap milu nyeuneuan gerakan kadaérahan. Sok sanajan éta panuding téh dibantah ku arguméntasi anu jelas, tapi keukeuh waé Iwa dicap kurang hadé.
Taun 1965, kaséhatan Iwa nyirorot, terus tatamba ka Éropa, bari sakalian ngalaksanakeun ibadah haji. Ieu tokoh asli Ciamis téh tilar dunya tanggal 27 Séptémber 1971, di Jakarta. Iwa dikurebkeun di Pemakaman Umum Karét, padahal pamaréntah RI geus nyadiakeun lahan di Taman Makam Pahlawan. Ngan nya kitu, dina amanatna, Iwa nyebutkeun hayang dikurebkeun dina lahan anu umum waé, anu disayagikeun pikeun masarakat biasa.*
* H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, sastrawan jeung budayawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments