BAHASAN

Barang Impor Jeung Lemah Cai

0

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

 SundaNews (29/6/2026). “Kacinta urang ka lemah cai, jigana pantes mun beuki dieu beuki ngipisan téh,” omong ki silah.

Ngadéngé kitu mah, uing langsung curinghak, laju nambalang, “Ah, ceuk saha? Teu rumasa. Rék pétot rék penyon, Indonésia téh lemah cai déwék. Déngékeun geura: Indonésia, tanah airku, tanah tumpah darahku ….”

“Enya, tapi apan ari sértifikat tanahna mah boga oéh …,” pokna bari ngahéhéh, sorana niron-niron Si Engko anu dagang encit di Pasar Baru.

Uing gé ngadadak kéom ngadéngé kitu mah, éta tuda maké jeung disapertikeun ku pamolah, kawas anu keur ékting dina pintonan drama di gedong Rumentang Siang. Tapi ari anu dipokkeun mah, “Urusan tanah geus loba lain nu urang, asa teu kudu jadi halang pikeun urang tetep mikacinta Indonésia, atawa leuwih heureutna mah Tatar Sunda atuh.”

Deui-deui manéhna ngahéhéh. “Heug lah, mun téa mah urang masih angger boga pamadegan kawas anu bieu diomongkeun ku énté.”

“Da jeung enyana, urusan sértifikat tanah mah urusan administrasi. Éta mah ukur akuan anu dilégal-formalkeun ku agraria. Ari urusan kacinta ka lemah cai mah luareun administrasi nagara. Jeung deuih kudu inget, kurang kumaha legana baheula bangsa Walanda ngawasa tanah di Indonésia, tapi sanggeusna Indonésia merdéka mah, terus maranéhna diusir ti nagara urang, apan kakayaan anu mangrupa tanah mah teu dibarawa ka nagarana,” ceuk uing,  ngadadak jadi asa capétang.

“Maksud sayah mah lain pédah tanah di urang geus loba nu dikawasa ku deungeun-deungeun, anu ngalantarankeun rasa cinta ka lemah cai jadi ngurangan téh,” pokna, bangun ngahualkeun kana omongan uing.

“Ari enggeus, alatan naon atuh?”

“Tadi waktu sasarap, énté ngadahar naon waé?” kalah malik nanya si kunyang téh.

“Nya ngadahar naon deui atuh, mun lain kéjo jeung témpé bacem,” témbal téh, rada jéngkél.

“Tah, béas anu disangu ku pamajikan énté téh teu mustahil meunang ngimpor. Terus éta deuih témpé bacem, naha ari kadeléna pelak patani urang, kitu? Ari éta, uyah anu dipaké ngabungbuan bacem, boa uyah ti Australia. Tacan deuih lamun urang nyaritakeun dahareun lianna. Bungbuahanana teu mustahil hasil impor. Geus sidik ari korma mah da lain pelak di urang. Atuh mun kaparengkeun aya duit paleuleuwih, tepi ka bisa nyieun asakan maké kéréwédan, naha éta téh lain daging impor? Méméh saré ngagayem heula comro. Boa éta gé sampeuna meunang ngimpor ti Italia,” ki silah nyarita mani norostos.

Uing ngan ukur bisa calangap.

“Jadi, anu sapopoé didahar ku urang-urang téh, lolobana mah bahan pangan impor. Lauk laut ogé apan pamaréntah urang téh ngimpor, cenah. Padahal, laut di wewengkon nagara urang téh apan sakitu legana, bari kakayaan anu dikandungna dipalingan ku bangsa séjén. Lauk meunang malingan ti urang, terus diimpor ka urang.”

“Enya, lebah dinyana mah, tapi naon patalina bahan pangan impor anu dikonsumsi ku urang jeung rasa cinta ka lemah cai?”

“Nya sahenteuna atuh, anu jadi tanaga dina awak urang téh sumberna lain ti lemah cai. Anu didahar ku urang sapopoé téh hasil produk bangsa deungeun. Lantaran sumber kadaharan téh dipelakna lain di tanah warisan karuhun urang, ceuk sayah mah hal éta jadi sababiyah rasa cinta urang ka lemah cai jadi ngurangan. Béda jeung lamun urang ngonsumsi kadaharan anu dipelak dina tanah sorangan, urang bakal enya-enya kahutangan budi, bakal gedé rasa nyaah urang ka sarakan anu geus méré sumber kahirupan,” témbalna.

“Ah, ceuk uing mah pamanggih silaing bieu téh asa dijieun-jieun teuing.”

Dikitukeun téh manéhna ukur ngahéhéh.

“Anu sidik, ku gumantungna bangsa urang kana keran impor, pamaréntah urang teu bisa mandiri, jeung babari diulinkeun deungeun-deungeun deuih. Bangsa urang jadi leungiteun jatidiri,” ceuk uing deui.

“Tah, éta. Leungiteun jatidiri téh ceuk sayah mah ngalantarankeun rasa cinta urang ka lemah cai jadi ngurangan,” manéhna gasik mairan. “Lian ti éta, kahirupan urang salaku bangsa geus jadi bahan kaulinan sawatara petualang ékonomi anu mampuh ngadalikeun perékonomian di nagara urang. Hahargaan barang kumaha ceuk maranéhna. Aya jeung euweuhna stok barang kumaha ceuk maranéhna. Enya, apan maranéhna anu mampuh ngulinkeunana.”

Uing teu nyoara, da teu boga data pikeun babandingan. Lamun wawanian nyarita, sieun jadi salah engkéna.

Jol bréh kagambar kadaharan basajan anu anu biasa ku uing dikonsumsi. Lolobana meunang ngimpor, lain produk bangsa urang, lain hasil tatanén dina lahan warisan karuhun anu cenah subur ma’mur.*

       *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawa Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Bara

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in BAHASAN