BAHASAN

Dipati Ukur: Tulisan Pamungkas Tina Opat Bagian

0

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (21-8-2026). Ampir dina sakabéh naskah dicaritakeun yén éléhna Dipati Ukur téh sanggeus gegedén Sunda mantuan pasukan Mataram. Di antarana dina naskah versi Galuh disebutkeun yén anu mantuan pasukan Tumenggung Narapaksa téh nyaéta Pangéran Sumedang, Astamanggala (Umbul Cihaurbeuti), Samahita (Umbul Sindangkasih), jeung Wirawangsa (Umbul Sukakerta). Anu dimaksud umbul téh nyaéta ngaran kapangkatan, sahandapeun bupati. Dina versi séjén, anu tiluan téh (Astramanggala, Samahita, jeung Wirawangsa) pangkatna lain umbul, tapi ngabéhi. Aya deui katerangan séjén yén anu adu hareupan jeung Dipati Ukur mah sénapati ti Kawasén, ngaran Bagus Sutapura.

Aya versi anu nyebutkeun yén Dipati Ukur dipaténi ku Bagus Sutapura, laju sirahna dipasrahkeun ka Sultan Mataram pikeun bukti. Tapi ari dina kalolobaan naskah mah teu disebutkeun kitu. Dipati Ukur jeung wadyabaladna dicangkalak, laju diiringkeun ka Mataram, awéwé-lalaki, malah jeung barudakna. Sanggeus cunduk ka ditu, sakabéh tawanan dihukum pati, iwal kaom awéwéna anu dihirupan téh, diarah gawéna sina jadi juru ladén atawa pelayan di karaton.

Dina naskah Sukapura anu ditulisna dina basa Jawa, aya ungkara kieu:

“Ki Dipati Ukur dikethok, Ki Demang Songgata dibungkus dening duk diobong, Ki Tumenggung Batulayang digodog, Ki Ngabéhi Yudakerti digantung ing lawang, sugriyané kang liwat padha ngiris, nunten pejah. Langkung sapunika: Umbul Malangbong, Umbul Cihaur Mananggel, Umbul Medang Sasigar, Umbul Kahuripan, Umbul Sagarahérang sami dipunrujak kentasa.”

Tarjamahanana: Ki Dipati Ukur diteukteuk beuheungna, Ki Demang Saunggatang dibungkus ku injuk terus diduruk, Ki Tumenggung Batulayang digodog. Ki Ngabéhi Yudakerti digantung dina panto gerbang, sarta saban jalma nu ngaliwat ka dinya kudu ngeureut awakna (maksudna, awak anu keur ditibanan hukuman) tepi ka maot. Saleuwihna ti éta, (hukuman pikeun) Umbul Malangbong, Umbul Cihaur Mananggel, Umbul Medang Sasigar, Umbul Kahuripan, Umbul Sagarahérang nyaéta badanna ditutu atawa ditumbuk (dina lisung).

Ampir dina sakabéh naskah disebutkeun, para gegedén Sunda anu mantuan pasukan Mataram dina waktu ngarurug Dipati Ukur, ku Sultan Agung dijungjung lungguh jadi bupati. Samahita jadi bupati di Parakanmuncang (dibéré jujuluk Tumenggung Tanubaya), Astramanggala jadi bupati di Ukur (dibéré jujuluk Tumenggung Wira Angun-angun), jeung Wirawangsa jadi bupati di Sukapura (dibéré jujuluk Tumenggung Wiradadaha).

Tangtu waé sakur anu kajadian harita, tur dicatet dina naskah anu versina rupa-rupa, ku urang teu bisa disawang terus dicindekkeun dumasar kana kacamata jaman ayeuna. Enya, apan jamanna ogé béda. Hanas dina naskah ditétélakeun yén Dipati Ukur téh posisina jadi tokoh antagonis, enya apan éta mah ceuk kacamata abad ka-17.

Bisa jadi robahna pandangan urang Sunda anu mosisikeun Dipati Ukur jadi pahlawan, éta mah geus rada béh dieu. Utamana pisan mah sanggeus terbit novelna anu ditulis dina taun 1950-an, karya Rohendy Sumardinata jeung Supyan Iskandar. Ieu buku anu dua jilid téh diterbitkeun ku Daya Sunda Pusat Bandung.

Gedé kamungkinan deuih, éta novel téh disusunna sanggeus urang Sunda engeuh kana kaayaan dirina sanggeus ngalaman rupa-rupa peristiwa anu lumangsung dina jaman revolusi tepi ka taun 1950-an. Tujuanana pikeun ngahudangkeun sumanget ku cara ngasongkeun informasi ngeunaan tangtungan Ki Sunda.

Urang Sunda kudu aya anu kawas Dipati Ukur, ludeung nyoarakeun pamadegan, tur ludeung ngaléngkah. Sok sanajan, heueuh sok sanajan, dina kabuktianana mah geuning henteu (tacan) bisa kompak. Urang Sunda silih rewég jeung dulurna téh geuning geus aya ti baheulana.

Naha urang Sunda kiwari, hususna para gegedénna, daék ngeunteung kana peristiwa Dipati Ukur? Wallohu alam. (tamat)*

       *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

 

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in BAHASAN