Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (7/9/2026). Dina carita pantun anu ngalalakonkeun jaman buhun, kahirupan urang Sunda téh ngandelkeun tina tatanén. Dina carita Lutung Kasarung, upamana, disabit-sabit ayana kagiatan ngahuma, nyaéta melak paré di huma (tanah darat).
Kabiasaan nyawah di Sunda mah karék dimimitian sanggeus urang kapangaruhan ku budaya Jawa, nyaéta waktu Tatar Sunda dijajah ku Mataram, abad ka-16. Tapi najan geus aya sawah gé, angger waé ari ngagarap huma mah henteu ditinggalkeun. Buktina, tepi ka ayeuna, urang Kanékés masih kénéh ngahuma. Kitu deui sawatara masarakat anu matuh di lingkungan kasepuhan, di pakidulan Banten jeung Sukabumi.
Sajaba ti ngahuma, saenyana masih kénéh aya pakasaban séjénna anu dilakonan ku urang Sunda saméméh kapangaruhan ku budaya Jawa. Hal ieu bisa kapanggih mun urang niténan eusi naskah Carita Parahiyangan anu ditulis dina abad ka-16. “… disilihan ku Sang Wretikandayun di Galuh, … Na Sang Mangukuhan nyieun manéh pahuma, Sang Karungkalah nyieun manéh panggerek, Sang Katungmaralah nyieun manéh panyadap, Sang Sandanggreba nyieun manéh padagang.”
Tarjamahanana: “… diganti ku Sang Wretikandayun jadi raja di Galuh, … satuluyna Sang Mangukuhan jadi pahuma, Sang Karungkalah jadi paburu, Sang Katungmaralah jadi panyadap, Sang Sandanggreba jadi padagang.”
Tina katrangan bieu bisa dicindekkeun yén pakasaban urang Sunda harita téh aya anu jadi tukang ngahuma, tukang moro, tukang nyadap, jeung tukang dagang, di sagigireun aya anu nyekel pamaréntahan, najan bisa jadi éta mah lain pakasaban.
Melak paré di huma jadi andelan masarakat Sunda baheula pikeun nyumponan pangabutuh pangan, hususna kadaharan poko. Dina prak-prakanana, melak paré di huma réa bédana jeung melak paré di sawah. Bédana anu paling utama nyaéta dina ngatur cai. Melak paré di sawah kudu dina lahan anu datar tur rata, sangkan cai bisa ngeueum dapuran paré kalawan walatra. Ari huma mah ukur ngandelkeun cai hujan.
Kitu deui lebah hasilna ogé béda. Paré anu dihasilkeun ti sawah leuwih loba batan ti huma. Lian ti éta, dina geus disanguna ogé rasana béda deuih. Paré sawah ana geus disangu téh pulen, ari paré huma mah heuras jeung semu teuas, anu matak sok gancang seubeuh.
Prosés dina melak paré tepi ka datangna panén gé béda. Dina nyawah mah dimimitian ku tebar, nyaéta ngipuk binih paré, anu engkéna dirintahkeun ka sawah meunang nyaplak atawa ngagaritan. Saméméh éta téh sawah kudu dipacul heula, atawa disingkal, geus kitu digaru. Dina waktu paré keur tumuwuh, sawah kudu dikemplang. Lamun kasaatan, moal bener jadina.
Ari huma mah prosésna leuwih basajan, da lahan anu rék dipelakan paré téh teu kudu dirarata heula. Malah di Kanékés mah tara-tara acan dipacul, sabab dianggap pantrang. Melak paré di huma mah cukup ku diaseuk, nyaéta nyieun liang kira-kira saluhureun indung suku, jerona satengah jeungkal, geus kitu siki paréna dipelak di dinya. Jadi dina ngahuma mah euweuh prosés tebar jeung tandur. Mun dina nyawah aya nu disebut ngarambét, nyaéta nyabutran jujukutan anu jaradi sabudeureun dapuran paré, tah ari dina ngahuma mah cukup ku dikoréd.
Kabudayaan nyawah tangtuna gé leuwih luhur batan ngahuma, sabab dina cara migawéna butuh ku sistem organisasi kamasarakatan sangkan bisa gotong royong. Cindekna dina nyawah mah teu bisa sosoranganan, da kudu babarengan, utamana dina ngatur jeung ngabagi cai. Béda deui jeung ngahuma anu bisa dipigawé individual.
Sajeroning melak paré di huma, biasana sok dibarengkeun jeung melak palawija, dipaselangkeun, kayaning hiris, jaat, waluh, kukuk, roay, atawa kacang panjang. Jadi anu dipanén téh lain ngan ukur paré wungkul, najan dina lebah waktuna mah tara bareng. Cindekna ti huma téh ngahasilkeun rupa-rupa bahan pangan.
Lahan anu dipaké nyawah mah geus maranti. Maksudna matuh di dinya, teu pundah-pindah. Ari ngahuma mah teu kitu, da sok pipindahan. Lamun taun ieu ngahuma di hiji blok leuweung, taun hareupna mah pindah ka blok séjén. Ari lahan anu urut ngahuma terus diantepkeun sina jadi deui leuweung. Di Kanékés, siklus balikna deui ka lahan asal téh lilana tujuh taun. Ngan ka dieunakeun mah ngahuma ogé aya anu matuh di hiji tempat, utamana sanggeus leuweung beuki béak ditaluaran tatangkalanana.
Lamun niténan kabiasaan di Kanékés, saenyana dina ngahuma téh henteu bari ngaruksak leuweung, lantaran tatangkalan galedé téh teu dituaran, tapi cukup ku dirakrakan dahanna, sangkan teu ngahalangan cahaya panonpoé. Jadi lamun dina jero tujuh taun ditinggalkeun téh, urut huma bakal balik deui jadi leuweung.
Ku kituna dina ngahuma mah tanah téh boga fungsi sosial, jeung taya anu jadi hak milik, sabab saréréa ogé bisa ngamangpaatkeun. Lamun urang rék ngagarap lahan di hiji lokasi, cukup ku dicirian maké tali dikanteng-kantengkeun. Ku cara kitu, batur anu sarua papada rék ngahuma moal aya nu wani miheulaan ngagarap lahan anu geus dicirian.
Ngagarap huma dimimitian ti mimiti datangna usum hujan. Lahan anu rék dihumaan téh kudu diberesihan heula, rungkun-rungkunna dibabad, disebutna narawas. Geus kitu terus disambung ku nyacar, nyaéta miceunan jujukutan jeung nutuhan dahan anu sakirana bakal ngahalangn cahaya panonpoé. Disambung deui ku nukuh, nyaéta nuhurkeun jeung ngagaringkeun sakur runtah ku cara dipoé. Geus kitu mah gur waé diduruk, disebutna ngahuru. Lebuna disebarkeun dina lahan anu rék dipelakan paré, sangkan jadi subur.
Tah ayeuna mah lahan téh geus bisa dipelakan paré. Dina mangsana paré geus ngaliab dapuranana, jujukutan sabudeureunana kudu dipiceunan. Geus kitu mah kari ngadagoan usum dibuat atawa panén.
Tangkal paré anu geus mimiti tumuwuh teu bisa dicul-jeunkeun, tapi kudu ditungguan, sabab sok loba hama anu datang. Lantaran biasana huma téh sok deukeut ka leuweung, hama anu ngaruksak tangkal paré téh di antarana bagong anu datangna sok ngabubuhan, ilaharna ngagalaksakna téh peuting-peuting. Kitu deui dina mangsana paré mimiti beuneur, anu sok jadi hama téh bangsa manuk, kayaning piit, bondol, kaasup ékék.
Jadi ditungguanana beurang peuting. Patani sok mondok moék di saung, malah sok aya anu bari mawa anggota kulawargana. Dina keur usum ngahuma mah, lembur jadi tiiseun, sabab pangeusina loba anu parindah ka huma. Parindahna deui ka lembur téh engké waé ari geus réngsé usum panén.
Sasatoan anu dipiara sajeroning aya di huma nyaéta hayam. Tepi ka sok baranahan éta téh. Ieu ogé kaasupkana sumber pangan, boh diarah endogna boh diarah dagingna. Béda deui jeung anu nyawah, sasatoan anu dipiarana téh meri, sabab nampeu ka cai.
Paré anu dipelak di huma mah jarangkung, jeung umurna ogé leuwih ti genep bulan. Jadi dina saban taunna téh ukur bisa sakali dipelakan. Biasana datangna usum panén téh dina mimiti usum halodo.
Paré meunang ngala téh terus digeugeus, nyaéta gagangna ditalian, geus kitu terus dipoé sina garing. Paré meunang ngageugeus ditunda dina lantayan, nyaéta awi leunjeuran anu dipalang-palang maké tihang. Maksudna mah sangkan gancang tuhur. Mun geus garing, terus waé diakut ka lembur. Engkéna paré téh diteundeun dina leuit. Béda deui jeung paré anu dihasilkeun ti sawah jaman ayeuna anu sok dikarungan, sarta diteundeunna ogé di gudang.
Dina naskah Sanghiyang Siksakandang Karesian disebutkeun yén ukuran senang pikeun kahirupan téh nyaéta: “Anggeus mah imah kaeusi, leuit kaeusi, paranjé kaeusi, huma kaoméan, sadapan karaksa, palana ta hurip, sowé waras.” (Pokona mah imah kaeusian, leuit kaeusian, paranjé kaeusian, huma kaurus, sadapan kariksa, panjang umur, tetep séhat.)
Paré hasil ti huma téh henteu ngan ukur pikeun nyumponan pangabutuh pangan kulawarga wungkul, tapi sésana mah dijual, jadi sumber kahirupan. Dina jaman pamaréntahan Sribaduga Maharaja, béas hasil tatanén urang Sunda téh sawaréh dijual ka nagara deungeun (mun ayeuna mah istilahna diékspor), ngaliwatan Palabuan Kalapa. Harita, Sunda geus kacatur dina dunya perdagangan. Kapal anu balabuh di Kalapa téh lain ngan sakadar anu asalna ti nagara anu aya di wewengkon Nusantara, tapi deuih ti Cina, India, Mesir, jeung Portugis.
Ku ayana perdagangan antar nagara, dina abad ka-15 jeung ka-16 téh perékonomian masarakat Sunda geus maju. Kahirupan masarakatna beunang disebutkeun ma’mur atawa raharja. Éta pangna dina jaman harita, Karajaan Sunda (ilaharna ku urang mah sok disebut Pajajaran), sok ditétélakeun dina carita pantun: nagara beurat beunghar, réa ketan réa keton, raweuy beuweungeun rambay alaeun. Katambah-tambah deuih harita mah urang Sunda téh masih kénéh jadi bangsa anu merdéka, da teu ngadunungan ka sasaha. Merdéka sacara pulitik, sabab boga kadaulatan sorangan dina ngalaksanakeun pamaréntahan.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments