Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (4/5/2026). Enggoning nyieun gambaran anu jinek ngeunaan kumaha ari kaayaan basa Sunda dina pakumbuhan kiwari, tangtu waé teu cukup ukur diwangwang, tapi kudu dumasar kana panalungtikan anu puguh tatapakan paélmuanana. Sakanyaho, tacan aya panalungtikan kawas kitu, hususon anu dipigawé ti taun 2000 ka dieu.
Sacara pribadi bari jeung sampelna ogé heureut, dina taun 1999 pun uing kungsi nyieun panalungtikan ngeunaan dipakéna basa Sunda di lingkungan rumah tangga jeung sakola. Anu dipaké sampelna nyaéta para guru SD di Kota Bandung, Kabupaten Bandung (puseur dayeuh jeung pasisian), jeung Kabupatén Tasikmalaya (puseur dayeuh jeung pasisian).
Hasilna nuduhkeun yén basa Sunda anu dipaké di lingkungan puseur dayeuh ipis pisan (ukur wewelasan persén). Anu rada saleuheung kénéh téh di pasisian. Éta hasil panalungtikan tangtu tacan bisa dianggap enya-enya réprésentatif. Tapi najan kitu, keur saheulaanan mah bisa dijieun cecekelan.
Di lingkungan kulawarga Sunda (indung-bapa pituin teureuh Sunda, malah jolna ti pasisian, ngan pédah geus ngumbara jadi urang dayeuh), lolobana geus teu ngagunakeun deui basa Sunda, tapi ngagésér kana basa Indonésia. Ari anu jadi alesanana, sajaba ti kuatna pangaruh lingkungan sabudeur, ogé deuih lantaran basa Sunda dianggap hésé, wabil husus lamun geus nyabit-nyabit undak usuk basa. Geus jadi kacapangan: sieun salah, terus sieun diseungseurikeun batur.
Dina kaayaan kawas kitu, sakapeung urang sok dilelewang ku diri sorangan. Sok rajeun kadéngé: basa Sunda keur sakarat awal, basa Sunda téréh tumpur. Malah dina taun 1990-an kungsi aya pasanggiri nyieun karangan éséy, témana: taun 2000 basa Sunda bakal tumpur.
Ayeuna alhamdulillah urang masih kénéh diparengkeun kumelendang dina taun 2014. Dina kabuktianana, basa Sunda tacan tumpur. Tangtu waé ceuk saréatna mah teu (tacan) tumpurna basa Sunda téh lain ku sabab mu’zijat, tapi lantaran masih kénéh aya tarékah pikeun ngahirupkeunana, sok sanajan éta tarékah téh tacan mampuh ngimbangan kuatna pangaruh ti luar anu taya reureuhna nyosok kana budaya Sunda. Tarékah anu dipilampah ku urang jauh tangéh jeung gederna pangaruh ti luar (mun ceuk Susno Duadji mah: cicak versus buaya).
Sawatara tarékah anu geus dipilampah upamana waé anu mangrupa payung hukum ku medalna Perda Jawa Barat No. 5 Taun 2003 anu tujuanana pikeun miara jeung mekarkeun basa daérah (lain ngan ukur basa Sunda wungkul, tapi deuih basa Cirebon jeung basa Malayu dialék Batawi). Anu penting dipigawé ku urang ayeuna, kumaha ngaoptimalkeun éta perda sangkan jadi tanaga anu rosa pikeun ngahirup-huripkeun basa Sunda. Ngan lamun aya anu nanya: basa Sunda anu mana? Ceuk pamanggih kuring: basa Sunda jaman ayeuna. Maksudna lain basa Sunda anu baheula dipageuhan ku para lulusan Kweekchool dina jaman normal.
Leupas tina kumaha wanda, fungsi, jeung legana ambahan, dina kabuktianana basa Sunda masih kénéh dipaké ku masrakat kiwari. Di sakola masih kénéh diajarkeun, malah ayeuna mah dilegaan tepi ka tingkat SMA. Rupaning karya sastra masih kénéh medal dina wangun buku, reujeung rupa-rupa hadiahna pikeun karya piunggul. Média cita basa Sunda, boh koran boh majalah masih kénéh aya, kitu deui rohangan dina média éléktronik masih kénéh aya.
Dina kagiatan kaagamaan, aya kanéh anu ngagunakeun basa Sunda pikeun médiana. Geus karuhan ari dina upacara-upacara tradisi mah, basa Sunda masih dipaké pakakas komunikasi. Dina karya seni luareun sastra, basa Sunda tacan leungit, utamana dina bentuk lalaguan, kitu deui dina téater jeung sinétron (geus karuhan ari dina pagelaran wayang golek, calung, réog, jeung kasenian tradisi lianna mah anu mémang basa Sunda téh jadi erohna).
Lian ti éta, sawatara istilah dina basa Sunda aya anu arasup terus geus dianggap jadi bagian tina basa Indonésia; aya anu ngaliwatan paélmuan (upamana nyeri dina istilah kadokteran), atawa aya anu dicokot lantaran dianggap “basa gaul” (misalna jomlo, anu larapna jadi béda).
Lebah éta basa Sunda kiwari geus robah, enya ari lebah dinyana mah. Malah anu dianggap teu saluyu jeung harti asalna dina babon, anu gancang nerekab téh. Geura contona: diuk dina samak salambar, aduh engkang abdi kabiruyungan, atawa hayam jalu geus kongkorongok (dina lagu), atawa jumawa rahayat malar raharja (dina poster kam-panyeu Pemilu).
Saenyana ti jaman puluhan taun ka tukang gé geus aya anu kawas kitu mah, upamana: rasa guligah rapot alus angkana (dina lagu), cumarita, hadé ku omong goréng ku omong, bengkung ngariung bongkok ngaronyok, jeung sajabana. Geus karuhan ari salah larap dina undak usukna mah, tepi ka lamun dibandunganana ku anu enya-enya ngarti mah matak pabéntar harti. Anu leuwih “lucu” (teuing nyucud kitu pibasaeunana téh?), éta hal-hal anu salah téh bet kapanggih dina buku pangajaran basa Sunda.
Ayana salah larap kecap atawa istilah téh bisa jadi lantaran teu apal kana jujutan basa Sunda anu saenyana. Lian ti éta, basa Sunda anu dipaké dina jaman ayeuna téh (urang cokot tina karya sastra) loba anu geus kaleungitan rasa. Ku maca ungkara kalimahna, jol bréh waé katangen kalimah basa Indonésia anu geus di-Sundakeun, lantaran anu nulisna ngagunakeun jalan pikiran dina basa Indonésia. Tapi dina pamustunganana mah geuning ku masrakat téh dianggap enya wé.
*
Ari kahirupan basa Sunda téh bakal saluyu jeung kaayaan jaman; hartina terus barobah ti mangsa ka mangsa. Lamun teu kitu mah, geus tangtu basa Sunda téh geus paéh ti baheula kénéh ogé; sakumaha anu karandapan ku basa Kawi, Sansakerta, atawa Latin, upamana. Dina kahirupan hiji basa, anu pangbabarina robah téh ngurung kabeungharan kecapna; kecap alanyar jul-jol daratang, boh anu dadakan dijieun boh serepan tina basa séjén, kecap heubeul anu dianggap geus teu produktif lus-les laleungitan tina pakumbuhan. Asup jeung leungitna ungkara kecap téh gumantung ceuk masarakat anu miboga atawa maké éta basa. Ari anu hésé robah nyaéta unsur adegan (struktur) basa; ngurung adegan kecap (morfologi) jeung adegan kalimah (sintaksis). Lian ti éta, anu hésé robah téh unsur tata harti (sémantik) deuih.
Urang sok remen ngadéngé istilah basa Sunda kamalayon (tina kamalayuan) anu konotasina négatif; maksudna basa Sunda anu dianggap teu nyunda. Naha maké disebut kamalayon? Ilaharna mah éta panuding téh nyoko kana struktur jeung sintaksis, lain ku sabab faktor kecap anu digunakeunana.
Geura urang bandingkeun tilu kalimah ieu: 1) Imah-imah anu aya di suku gunung, diharepkeun ulah jadi nambahan, sabab bisi ngaganggu lingkungan. 2) Apanan harita mah beus kota téh teu nurunkeun panumpang di halteu, sabab ku pulisi disetop palebah rumah sakit. 3) Najan kungsi hohopéngan jeung salasaurang pamingpin Éropa ogé, dina pamustunganana mah Osama bin Laden téh angger waé diwontidkeun ku Amérika.
Lamun urang ngagunakeun rasa basa Sunda, anu kaasup kamalayon téh kalimah kahiji, sok sanajan pilihan kecapna nyarunda. Pangna disebut kitu téh sabab boh adegan kecapna (imah-imah, diharepkeun) boh adegan kalimahna meleg-meleg néplak tina basa Indonésia. Salasahiji ciri adegan kalimah anu nyunda téh di antarana sok ngagunakeun kecap panganteb (mah, téh, téa, atuh, waé, jeung sajabana).
Ari kalimah kadua, sanajan géréngsél ku kecap injeuman tina basa batur ogé (beus, panumpang, halteu, sabab, pulisi, disetop, rumah sakit), ungkara kalimahna mah karasa nyunda. Kalimah katilu ngagambarkeun kumaha “nalaktakna” si panyatur dina ngagunakeun basa Sunda, ku cara nyieun istilah anyar anu bahanna meunang nyokotan tina basa deungeun.
Kecap hohopéngan asalna tina basa Cina, hopéng, anu hartina sobat; jadi hohopéngan téh maksudna sosobatan. Ari kecap diwontidkeun asalna tina basa Inggeris, wanted; maksudna keur ditétéangan ku sabab dianggap geus milampah kajahatan.
Ari anu disebut basa, saenyana éta téh sampurna. Taya hiji ogé basa anu teu sampurna. Maksudna, kabeungharan kecap anu nyampak dina hiji basa téh sampurna, atawa nyukupan, alias moal tepi ka kakurangan, pikeun nyaritakeun budayana. Basa Sunda téh sampurna, moal tepi ka kudu nguyang ka batur, lamun urang rék nyaritakeun budaya Sunda. Kitu deui basa Mentawai téh sampurna, pikeun nyaritakeun budaya Mentawai.
Basa Inggeris, Jerman, Urdu, Tagalog, Arab, jeung sajabana sarua sampurnana, lamun dipaké nyaritakeun budayana séwang-séwangan. Aksiomana, basa Sunda téh –wayahna– henteu atawa moal sampurna, lamun dipaké nyaritakeun budaya anu lain Sunda. Kitu deui basa-basa lianna, sarua deuih teu atawa moal sampurna, lamun dipaké nyaritakeun hal-hal anu aya di luareun budayana.
Dina prosés tumuwuh jeung mekarna, basa Sunda téh sok digolongkeun kana basa agraris. Cindekna, basa anu hirup di lingkungan kaom ahli tatanén; mimitina ngahuma, terus ditambahan deui ku nyawah, sanggeusna urang Sunda kapangaruhan ku budaya Jawa. Atuh lamun ditilik tina adegan jeung ungkarana, basa Sunda sok disebut basa rasa.
Cindekna, basa anu réprésentatif tur éksprésif pikeun ngébréhkeun eusining rasa. Anu matak, lamun urang rék nyaritakeun sagala rupa anu nyampak dina budaya atawa masarakat tatanén, basa Sunda téh karasa pisan luhungna. Tapi, lamun urang rék nyaritakeun hal-hal anu aya di luareun éta, upamana waé ngeunaan téknologi anu miangna tina logika, lain tina rasa, tétéla basa Sunda téh karasa (pisan) samporétna, bari sagala tuna; itu euweuh, éta suwung, ieu teu nyampak.
Ari sababiahna mah déét pisan, heueuh, apan téknologi (komo anu canggihna) lain, atawa tacan jadi bagian tina budaya Sunda. Barang anu éta mah boga deungeun, anu ayeuna ku urang sok (mindeng) diinjeum. Dina kabuktianana, anu nyosok ka urang téh henteu ngan sawates budaya téknologi-industri wungkul, tapi deuih papahaman (ismeu), conto anu paling deet misalna démokrasi, anu gedé pangaruhna kana aturan maké basa. Sok kadéngé aya anu nyurahan yén dina alam démokrasi mah sakabéh jelema téh satata, taya panta-pantana. Ku sabab kitu, undak usuk basa anu konsép dasarna tina féodalismeu téh dianggap geus teu saluyu dina alam démokrasi mah.
Ari urang Sunda kiwari, naha masih kénéh kaasup masarakat agraris? Jigana mah teu sagemblengna kitu, nya? Kahirupan urang Sunda kiwari, sabagian (duka gedé, duka leutik) geus teu napak dina budaya tatanén. Kahirupan urang Sunda kiwari geus kasosok ku budaya deungeun, copélna ku budaya anu dianggap geus nganasional.
Dina kabuktianana, urang teu bisa nyebut embung, teu bisa nolak, teu bisa nyingcet; éta pangaruh téh ngepung ti sakabéh pongpok angin. Heueuh, da bonganna atuh, dina gunggungan kahirupan kiwari anu geus ngadunya (kasajagadan atawa globalisasi), urang Sunda teu (atawa tacan, kitu?) mampuh pikeun cumarita, atawa jadi lulugu anu mangaruhan dunya.
Dina pagaliwotana budaya dunya, urang téh karék semet bisa nuturkeun, anu sakapeung teu katuturkeun deuih. Tong waka ngigelkeun jaman, dina lebah ngigelan jaman ogé urang téh sok rajeun (atawa boa remen) tinggaleun ku batur. Ulah waka di tingkat dunya atuh, bisi lega teuing, di tingkat nasional wé, naha urang Sunda geus bisa cumarita? Kilangbara bisa ngaleuwihan, atuh bisa-bisa mapakan sélér bangsa batur anu masih kénéh sa-Nusantara. Aya hiji panalungtikan urang deungeun (hanas urang moal percaya, nya pék waé) anu nyebutkeun, dina percaturan nasional, peran urang Sunda téh aya dina tahap katujuh!
Ngahaja pun uing nyaritakeun hal éta, pikeun méré gambaran: tah kahirupan basa Sunda dina kakiwarian téh aya dina kondisi budaya kawas kitu. Naha basa Sunda bakal paéh bin tumpur? Kuring nu pangheulana nyebut: moal! Basa Sunda moal tumpur, jeung dina kabuktianana ogé geuning teu tumpur-tumpur, sakitu geus dipikamelang ti jaman béh ditu kénéh.
Enya, basa Sunda moal tepi ka tumpur, satungtung disaluyukeun kana jamanna, bari tatan-tatan mapag nu bakal datang. Tapi tangtu waé éta tarékah téh kudu dumasar kana konsép anu écés tur puguh gékgékanana; ulah sakasampeurna, atawa sahayuna, komo lamun diantep sina sakarep-karep.
Hanjakalna téh, éta tarékah daria téh tacan (enya-enya) dipigawé ku urang. Padahal urang téh Peraturan Daerah ngeunaan basa geus boga, lembaga anu baris ngalaksanakeunana (boh resmi boh swasta) geus aya, kitu deui médiana nyampak, tapi dina kabuktinana, heueuh, kawas ayeuna wé geuningan. Mana kitu gé urangna tacan daria. Geus, ulah sok nyalahkeun batur, mending gé nyaliksik diri pribadi, terus digawé sakamampuhna, bari ulah dibarengan ku ngalelewewang diri sorangan.
Ngan lamun urang mulangkeun deui basa kana hakékatna, apan kahiji fungsi basa téh alat pikeun komunikasi, jeung kadua ari pasipatan basa téh sok robah; geuning buktina basa Sunda anu dipaké ku urang ayeuna geus jauh pisan mun dibandingkeun jeung basa Sunda jaman Prabu Siliwangi mah, tapi tetep wé éta téh dina enas-enasna mah basa Sunda, bari jeung urangna ogé tetep (masih kénéh) ngaku Sunda
Mun kitu, lebah mana waé anu wenang robah dina ngagunakeun basa téh? Hal ieu tangtu bakal balik deui kana hukum parobahan basa, sakumaha anu geus didadarkeun dina awal ieu makalah. Mun téa mah ungkara kecap anu sapopoé digunakeun ku urang beuki nambahan, alatan asupna kecap alanyar, boh tina basa Indonésia boh tina basa deungeun, ceuk pamanggih kuring mah nya wajar waé. Ngan kudu jadi catetan, asupna éta kecap téh ulah nimbulkeun pabeulit harti. Biasana mah timbulna hal ieu téh ku sabab ungkara kecap dina basa Indonésia sarua jeung ungkara dina basa Sunda, tapi hartina pajauh.
Contona kecap bangga anu meleg-meleg tina basa Indonésia, béda pisan hartina jeung bangga dina basa Sunda. Sabab, kecap bangga dina basa Sunda hartina hésé. Lian ti éta anu sok remen dipabeulitkeun téh misalna kecap: pasir (keusik), ruang (rohang), cocok (cocog), lain (lian), songsong (papag), lemah (héngkér), atawa luas (lega).
Karasa pisan ku urang, kumaha meuweuhna kecap alanyar anu tacan nyampak dina basa Sunda anu daék teu daék kudu ditampa jadi bagian tina basa Sunda, pangpangna anu patali jeung téknologi-industri katut rupa-rupa hasilna. HP, pulsa, komputer, monitor, sound system, jeung rupaning istilah lianna anu sakitu nyayeudna, anu ayeuna geus jadi bagian tina kahirupan urang sapopoé.
Naha ku urang rék dijieun istilahna dina basa Sunda? Nya alus waé lamun sakirana kadada kaduga mah; upamana HP disundakeun jadi telepon keupeul (tarjamahan tina telepon genggam), follow up jadi lajuning laku, approach jadi pamarekan, atawa mouse (bagian tina komputer) jadi beubeuritan.
Ngan pasualanana, éta téh kasawangna lain pagawéan énténg-énténg, sabab jumlahna loba pisan. Jigana kudu diwilah-wilah heula; mana anu rek dijieun istilah Sundana, jeung mana anu rék sina angger kawas dina basa aslina. Hanas istilah anyarna geus dijieun ku urang, tapi teu payu di masarakat, cindekna teu diparaké, nya dalah dikumaha, urang teu bisa maksa-maksa.
Contona istilah dina basa Indonésia anu dijieun ku Pusat Bahasa, mangkus jeung sangkil pikeun ngaganti efektif jeung efisien, apan teu payu di masarakat mah, da tara diparaké. Istilah telepon keupeul atawa beubeuritan, upamana, bisa jadi ku masarakat mah teu pati dipikaresep, sabab dianggap henteu ékonomis; leuwih babari ngunikeun HP atawa hapé batan telepon keupeul. Tapi, rék kitu rék kieu, taya salahna mun urang nyoba heula ngasongkeun.
Di lingkungan Dinas Pendidikan Jawa Barat, apan aya lembaga anu tugasna makihikeun basa Sunda. Ari lembaga swasta, apan aya LBSS alias Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. Terus deuih apan aya anu disebut Pusat Studi Sunda. Di sawatara perguruan tinggi gé aya apan lembaga kawas kitu téh, upamana di Unpas aya Lembaga Kebudayaan.
Aya deui hiji hal anu sok remen kapireng jadi masalah dina jaman kiwari, nyaéta bab makéna undak usuk basa. Jadi teu kudu anéh mun aya kahayang: geus waé undak usuk dina basa Sunda téh leungitkeun, da kalah matak ngagokan.
Jigana enya pikeun sabagian (gedé) urang Sunda mah undak usuk téh matak ngagokan. Geuning sok rajeun kadéngé, “Punten, bilih lepat undak usuk basana.” Kedalna éta sanduk-sanduk téh meureun minangka tatan-tatan bisi aya anu cegékan jeung resep nyempad mun aya anu salah dina ngalarapkeun undak usuk basa. Cilakana, ku sabab sieun salah, anu tadina rék nyarita ku basa Sunda téh jadi robah kana basa Indonésia, anu dianggap leuwih ngagambarkeun suasana démokrasi. Tuh pan, ngurangan wé anu nyarita ku basa Sunda téh. Heueuh, da sieun salah atawa disalahkeun téa!
Lian ti éta, lamun salah dina ngalarapkeun undak usuk téh bisa pabeulit harti deuih. Geura contona:
“Abdi téh harita pasosonten badé nepangan, tapi kaleresan Bapa nuju kulem sareng pun bojo.”
Éta omongan matak maséakeun, da kuduna mah kecapna lain pun bojo, tapi garwa atawa istri Bapa.
“Engké waé atuh tepang téh di rorompok, ba’da asar,” ceuk Si A ka Si B.
Dina émprona, duanana henteu tepung, sabab Si A indit ka imah Si B, ari Si B indit ka imah Si A. Ceuk ahli basa mah anu salah téh Si A, sabab kuduna manéhna anu nungguan di imahna téh.
Ku ayana kasus-kasus kawas bieu, beuki kuat waé tanaga anu hayang ngaleungitkeun undak usuk téh. Geus waé kecap pun téh leungitkeun, ngan kudu dituturkeun ku katerangan; bojo abdi atawa bojo Bapa, rai abdi atawa rai Bu Guru. Kitu deui bangsaning bumi jeung rorompok, geus waé anggap sarua dina ngalarapkeunana. Naha rék bumi abdi atawa rorompok abdi pék téh teuing.
Kumaha, tah?*
* Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments