Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (11/5/2026). Beuki mangarti, beuki jauh tina kalang pulitik. Kitu anu jadi kacapangan kiwari. Anu dimaksud pulitik di dieu nyaéta pulitik praktis, ancrub di partéy, malah tepi ka jadi anggota legislatifna pisan. Mangarti atawa jadi ngarti, henteu ngan saukur undakna kaweruh wungkul, tapi deuih aya patalina jeung sikep.
Cindekna, jalma mangarti mah henteu ngan sakadar pinter, tapi dibarung ku ningkatna karakter. Ana kitu, mangarti téh loyogna kana inteléktual, tur teu salawasna diririmbilan ku sabangsaning asésoris gelar akademik. Ari nu disebut inteléktual, apan henteu ngan saukur patali jeung kognitif (kaweruh) wungkul, tapi deuih aféktif (sikep atawa karakter).
Najan dianggap geus jadi kacapangan, tapi ungkara “beuki mangarti, beuki jauh tina kalang pulitik” téh tacan jadi hiji kasimpulan anu dumasar kana data kuantitatif. Éta mah karék jadi hiji fénoména anu kapanggih tina kanyataan sapopoé.
Pulitik tacan jadi daya tarik, tacan bisa ngahudang minat, sabab masih dianggap “wilayah kotor”. Ieu anggapan téh ukur dicokot tina gampangna wungkul, anu gedé kamungkinan ukur dumasar kana kanyataan anu remen kapanggih dina panggung pulitik di Indonésia. Heueuh, apan batan karék sakieu geuning. Ari anu unggah ka panggung pulitik, éta mah naha rék enya-enya boga peran (boh utama, boh saliwat), atawa ukur ijigimbrang ngarah jiga, apan sok dijieun ukuran anu ngamuara kana “alus atawa henteu”.
Dinamika jeung gegederanana pulitik di urang, wabil husus ti sanggeusna asup ka jaman merdéka, asa hésé dina rék ditéangan nu reugeujeugna. Anu dimaksud reugeujeug di dieu téh mun dipatalikeun jeung kapentingan urang réa, atawa ningkatna martabat bangsa. Malah dina kabuktianana mah, kahirupan rahayat remen dikorbankeun pikeun kapentingan (anu maranggung dina dunya) pulitik.
Tong jauh teuing nyawang ka tukang, urang ti mimiti Réformasi 1998 wé, anu tepi ka ayeuna geus lumangsung 27 taun. Apan satadina mah gedé harepan, nasib urang bakal menyat, ku ayana parobahan dina rupa-rupa widang kahirupan. Tapi dina kabuktianana mah geuning asa taya ngarangsodna, malah tambah nyirorot.
Lumangsungna Réformasi 1998 téh lain ku sabab kabeneran, tapi dikasang-tukangan ku rupa-rupa hal dina jaman saméméhna. Tujuan asalna pikeun mémérés kahirupan masarakat anu remen, mun teu salawasna gé, katideresa. Éta pangna réformasi téh kudu miang tina komitmen jeung cita-cita nasional, anu seuhseuhanana nyoko kana kana konsénsus babarengan waktu ieu nagara diproklamasikeun, nyaéta Pancasila jeung UUD 1945. Kudu aya tarékah anu enya-enya, kumaha carana ngadeukeutkeun kanyataan anu nyampak (das Sein) kana udagan anu hayang kahontal (das Sollen).
Enggoning ngadeukeutkeun kanyataan kana udagan téh kudu aya tatapakan anu mangrupa rumusan diménsi, aspirasi, jeung dinamika anyar, najan teu salawasna kudu diposisikeun jadi antitésa tina kondisi saméméhna. Enya, apan ari hakékat réformasi mah ukur ngayuman, anu cenah lain ngabukbak alas alias Umwertung aller Werte.
Naha réformasi anu lumangsung dua windu ka tukang téh diwewegan ku tatapakan sakumaha anu disebutkeun bieu? Asa teu kungsi kadéngé kalawan jéntré, mana komo mun katémbong léngkah-léngkah anu daria mah. Nu puguh sidik mah ukur gegederanana wungkul anu ngobor barangbang. Urang bet asup kana ulekan euyah-euyahan (éforia) anu dimérekan kabébasan, anu antukna kajongjonan. Kabébasan anu jadi ciri utama tina démokrasi, lantaran urangna kalalanjoan, dina pamustunganana bet jadi nyimpang jeung papalingpang tina hakékat démokrasi, malah ahirna jadi kontra produktif.
Ti pemilu ka pemilu, anu dimimitian taun 1999, anu cenah pemilu enyaan, lain pepemiluan, ketak jeung paripolah anu maranggung dina dunya politik asa teu ngait kana tarékah ngarobah nasib balaréa ngaliwatan diménsi, aspirasi, jeung dinamika anyar. Anu robah téh ukur semet bungkusna wungkul, semet euyah-euyahanana anu dianggap maniféstasi tina kabébasan téa, tepi ka antukna ngarasa bébas ngaduitkeun hak jeung kadaolatan dina milih figur anu ambisi harayang manggung, boh di législatif boh di éksékutif. Teu kudu anéh, mun sora rahayat dina pemilu bisa ditukeuran ku rupaning barang pangabutuhna sapopoé, tur jumlahna gé teu pira.
Ari balaréa, heueuh, apan kahirupanana ogé batan sakieu. Apan ceuk wawaran resmi pamaréntah gé, angka kamiskinan di urang téh kaitung gedé kénéh. Enya ari lebah tumuwuhna ékonomi mah aya, jeung saban taun gé tara elat diprédiksi yén undakna sakitu persén. Tapi, éta téh pikeun masarakat lapisan mana heula, da ari balaréa mah angger waé hirupna engkak-engkakan, kagencet ti saban madhab.
Mihak kana kapentingan balaréa, atawa moal ngaluli-luli nasib wong cilik, ah, éta mah karék semet wacana anu sok dijarual jadi rétorika dina ngahaeub ka mangsa pemilu. Jangji anu ngan ukur semet jadi lalambé, anu ukur jadi hiasan baligho, poster, jeung spanduk, bari jeung balaréa gé geus apaleun yén éta téh wadul.
Lantaran jangjina gé geus dianggap wadul, balukarna ku rahayat ogé loba anu ditaripu. Duitna mah (anu teu sabaraha gedé téa) nya diarit waé, tapi urusan nyoblos mah kumaha déwék! Heueuh, apan éta téh lantaran rahayat geus ngarti inya kana kabébasan téa. Bébas lah masing rék nipu gé, malah suasana kawas kitu téh loba anu dipaké kasempetan pikeun mangpang-meungpeung. Lumayan, jeung ti batan ngongkrong.
Aya anu mangpang-meungpeung, suka bungah ku nyimpangna pirejekieun, najan sakeudeung jeung teu sabaraha. Heueuh, apan istilahna gé pésta démokrasi. Ari nu disebut pésta téa, mimindengna mah teu paralél jeung étika. Salian ti anu sukan-sukan, aya deuih anu arapi lain gé, anu brasna jaradi golput téa. Upamana dina Pemilu 2014, cenah angka golput ngahontal 24,89 persén. Cindekna, saluhureun beubeunangan partéy anu panglobana meunang sora, anu 20 persén gé teu kahontal. Cacak mun golput meunang korsi di DPR, meureun bisa ngajukeun calon presidén, bari teu kudu koalisi heula jeung partéy séjén, he-heh.
KPU anu mancén tugas ngayakeun pemilu, dina kabuktianana mah tara lulus banglus. Aya waé barébédanana, malah tepi ka nyababkeun sawatara oknum personaliana diméja-héjokeun. Gampang diterka, tangtu lantaran aya kasus korupsi jeung manipulasi.
Kasus anu tumiba ka KPU téh ngalegaan deui, nyaéta ku ayana manipulasi sora hasil pemilu. Loba sora anu parindah, atawa ditambahan tepi ka ngarobah data awal anu disetorkeun ku patugas TPS. Kartu suara anu teu dicoblos, ku oknum panitia dimangpaatkeun pikeun nambahan sora beubeunangan salah saurang caleg sangkan kurup kana pasaratan jadi anggota déwan. Gedé kamungkinan panitia ngamangpaatkeun golput, da nu penting mah asal ulah ngaleuwihan DPT. Panyababna geus moal henteu: duit. Cohagna, asal caleg wani méré ruruba, dijamin sorana ngabeukahan. Kasus kawas kieu, di sawatara daérah geus ditarik ka ranah pangadilan.
Tangtu waé ayana manipulasi sora hasil prosés démokrasi téh raket patalina jeung méntalitas, boh oknum KPU boh para calegna sorangan, tur teu mustahil meubeut meulit ka partéy anu dipaké parahuna.
Ti pemilu ka pemilu, lain kalah bérés roés, tapi tambah harénghéng. Kitu deui mun ngabandungan hasil sawatara pilkada anu ngalantarankeun oknum hakim di Mahkamah Konstitusi gé terus kabaud perkara. Lamun dijujut, moal ka mana brasna mun lain kana sual duit deui, duit deui.
Dina prosés démokrasi, urang téh asa beuki jauh tina étika. Anu dika-hareupkeun jeung jadi udagan ukur semet kakawasaan pikeun kapentingan pribadi jeung golongan. Asa teu katémbong tarékah, komo mun tepi ka tarékah daria, ti para élit pulitik jeung anu nyekel kakawasaan pikeun ningkatkeun kaweruh jeung sikep balaréa anu patali jeung hakékatna démokrasi katut partisipasi ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, anu sok disebut pendidikan pulitik téa.
Kabéh ogé pahibut kana kapentingan sorangan anu ngamuara kana matéri jeung kakawasaan. Antukna loba pingpinan partéy anu urusan jeung hukum, alatan kabaud atawa jadi aktor korupsi katut manipulasi, ti mimiti kasus proyék pangwangunan sarana olahraga, impor sapi, urusan haji, tepi ka nyitak Quran.
Para élit pulitik ingetna ka balaréa téh ukur sawates ari rék nyanghareupan pemilu, pilprés, atawa pilkada. Minangka anu rada manjang ditabeuhna téh dina bab koalisi, atawa bangsaning kontrak pulitik. Tapi éta ogé apan dina enas-enasna mah lain keur kapentingan balaréa jeung ningkatkeun martabat bangsa, tapi nyindekelna kana bagi-bagi korsi jeung rejeki.
Heueuh, jadi naon saenyana atuh anu bisa diarep-arep, da ari rahayat mah moal bisa ngaléngkah sorangan cecelengcengan. Pikeun ngarobah nasib ieu bangsa, éta mah jadi hancengan utama anu ku rahayat geus dibéré amanat pikeun jadi pamingpin, sok sanajan éta amanat téh tacan tangtu sagemblengna murni, sabab geus kakiruhan ku sikep kalalanjoan dina éforia démokrasi téa, tur dikiruhan ku méntalitas oknum para élitna sorangan deuih.
Jadi mémang kaharti mun jalma mangarti loba anu nyingkahan kalang pulitik téh, da kondisina geuning batan sakieu. Tapi, apan kondisi kawas kieu téh teu bisa kateterusan diantep. Ari parobahan téh apanan, tangtuna gé kaasup parobahan nasib ieu bangsa, moal ngagubrag ti langit kitu waé, da kudu diniatan-diparancahan-ditarékahan heula ku urang-urang. Sakurang-kurangna sumanget ulah (waka) sina pareum, sanajan ukur kakalicesan dina meredongna peuting.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments