Kolom Sosial Politik

Israel Vs Iran: Perang Modern

0

Ku: Ridhazia

ISRAEL  nyerang Iran dina hiji operasi militer nu dingaranan “Operasi Rising Lion”. Sababaraha jenderal jeung élmuwan dilaporkeun gugur. Oge leuwih ti 100 target strategis di Iran geus dihancurkeun.

Pintonan kakuatan militér bangsa Yahudi Israel ngalawan nagara Syiah Iran diramalken bisa nyundut Perang Dunya Katilu. Atawa, konflik dua nagara ieu bisa nyababkeun éskalasi konflik di Wétan Tengah mingkin saheng.

Sababna, di tukangeun Israel aya kakawasaan Amérika Sarikat. Sedengkeun di tukangeun Iran aya Rusia jeung Tiongkok. Unggal nagara adikuasa éta mere dukungan militér jeung pulitik anu signifikan (tohtohan).

Ieu téh, Perang Modérn!

Pamakéan drone, kecerdasan jieunan (AI), sistem pakarang presisi, intelejen, jeung téknologi informasi jadi konci dina perang modérn antara Iran jeung Israel.

Ieu geus kabuktian, perang antara dua nagara téh ngan ukur lumangsung sababaraha menit, tapi karusakanana kacida gedéna. Padahal jarak pangdeukeutna antara dua kota gedé — Teheran di Iran jeung Tel Aviv di Israel — nyaeta 985 mil atawa sarua jeung 1.585 kilométer.

Laju misil unggal nagara ngahontal 10.000 mil atawa sarua jeung 16.000 kilométer per jam. Hartina, ngan ukur perlu waktu sabudeureun 11 menit pikeun Israel jeung Iran pikeun ngancurkeun target maranéhna.

Saha anu leuwih kuat?

Dinamika konflik jeung rivalitas antara Iran jeung Israel geus lila kajadian. Duanana geus lila jadi musuh bebuyutan. Malah Israel ogé perenahna di posisi nu kacapit di daérah Wétan Tengah nu rawan kana konflik bilateral jeung multinasional.

Daérah Wétan Tengah ngawengku basisir kidul jeung wétan Laut Tengah, ngawengku ogé Jazirah Arab, Iran, nepi ka Afrika Kalér. Sahenteuna aya 14 nagara nu nempatin wewengkon éta.

Dumasar data ti Global Firepower (GFP) taun 2025, kakuatan militér Israel aya di peringkat ka-15 di dunya, sedengkeun Iran di peringkat ka-16.

Lamun ningali tina angka, Iran leuwih unggul. Jumlah pendudukna 88 juta jeung lega nagarana ngahontal 1,6 juta kilométer pasagi, dibandingkeun jeung Israel nu pendudukna 9 juta jeung legana ngan 22.000 kilométer pasagi.

Pasukan reguler Iran aya kira-kira 49 juta personil. Sedengkeun pasukan reguler Israel kurang ti 4 juta personil.

Israel leuwih unggul dina anggaran militér, jadi jumlah pakarang modernna leuwih canggih, kaasup kapal tempur jeung hélikopter serang.

Iwal ti éta, Iran leuwih unggul dina jumlah tank, kandaraan bersenjata, artiléri, jeung mobil roket.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *