Kolom Sosial Politik

Indonesa, Pangmiskinna Sadunya?

0

Oleh: Ridhazia

Indonésia kiwari kakara saukur jadi tanah cai keur dipijak. Kaistiméwaanna can karasa ku rahayat kalolobaan.

Padahal di jero taneuh Indonésia aya minyak bumi, emas, pérak, batu bara, mangan, gas alam, walirang, platina, timah, bauksit, granit, tambaga, bijih beusi, jeung batu gamping.

Pangmiskinna

Jumlah warga miskin di Indonésia dina taun 2025 diperkirakeun ngahontal 23,85 juta jiwa tina total populasi 286.693.693 jiwa.

Éta téh data ti BPS. Nya dina kanyataanana bisa jadi leuwih loba, gumantung kana métodologi perhitunganana.

Buktina, dina sababaraha vérsi, Indonésia asup kana daptar 100 nagara pangmiskinna di dunya.

Malah Indonésia ogé asup kana 10 nagara jeung perséntase warga miskin pangluhurna.

Fakir atawa Miskin?

Dina kontéks ageman Islam, aya bédana antara fakir jeung miskin.

Fakir mah ilahar disaruakeun jeung jalma anu teu boga nanaon pisan. Kasusah dina nyumponan kabutuhan dasar saperti dahar, nginum, jeung tempat cicing.

Sedengkeun miskin téh jalma anu boga panghasilan, tapi henteu cukup keur nyumponan kabutuhan dasar sapopoe. Saperti tukang, buruh, malah nepi ka PNS jeung tentara. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.