Kolom Sosial Politik

Hutang Indonesia

0

 

Ku: Ridhazia

PRESIDEN  Amérika Sarikat Donald Trump dilaporkeun meredih dana US$ 1 miliar atawa sarua jeung Rp16,82 triliun ka para anggota Dewan Perdamaian atawa Board of Peace (BoP).

Paménta éta ogé kaasup t ka Indonésia, nu geus ngagabung minangka salah sahiji anggota lembaga internasional kasebut.

Padahal, total hutang pamaréntah Indonésia nepi ka ahir kuartal katilu  taun 2025 ngahontal Rp9.645 triliun dumasar kana data ahir Désémber 2025.

Jumlah éta sarua jeung kira-kira 39,13 nepi ka 41 persén tina Produk Doméstik Bruto (PDB). Angka ieu masih aya di handapeun wates maksimal 60 persén sakumaha diatur dina undang-undang. Sajaba ti éta, kalolobaan utang nagara mangrupa utang jangka panjang.

Hutang ka Bank Islam

Salian hutang nagara kasebut, Indonésia ogé masih miboga sésa kawajiban ka Islamic Development Bank (IDB) atawa Bank Pembangunan Islam.

Dina awalna, total utang ka IDB diperkirakeun ngahontal Rp7,3 triliun. Ayeuna, sésana kira-kira Rp2,75 triliun, nu masih terus diangsur ku nagara ngaliwatan APBN. Kaayaan éta aman sarta teu aya tunggakan.

Utang ka IDB digunakeun pikeun ngabiayaan pangwangunan jeung pamekaran kampus-kampus Perguruan Tinggi Keagamaan Islam Negeri (PTKIN).

Sajaba ti éta, dana ti nagara-nagara Islam ogé dipaké pikeun pangwangunan jeung perluasan rumah sakit Islam anu boga standar kelas dunya.

Merdéka ti IMF!

Indonésia ayeuna geus merdéka sacara ékonomi tina Dana Moneter Internasional (IMF). Sakabéh kawajiban ka lembaga éta geus lunas ti taun 2006.

Utang ka IMF baheulana dipaké nalika krisis moneter 1997–1998. Dina waktu kurang ti sapuluh taun, sakabéh kawajiban ka lembaga kauangan internasional kasebut bisa diréngsékeun.*

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.