Kolom Sosial Politik

Direnten Bandung, Naha Bet Ditutup?

0

 

Ku: Ridhazia

DIBERITAKEUN, Kebon Binatang Bandung (Bandung Zoo) geus disegel. Idinna dicabut ku Kamentrian Kehutanan.

Hartina, tempat wisata kulawarga anu aya di Jalan Tamansari, Kota Bandung, éta ayeuna ditutup.

Kacida Nyentugna Kana Ati

Kaputusan éta kacida nyentugna kana ati warga Bandung. Masarakat teu boga aksés deui pikeun asup ka tempat sajarah paninggalan jaman Walanda anu diwangun leuwih ti saabad ka tukang salaku tempat rekreasi anu unik tur murah.

Kebon Binatang Bandung diresmikeun taun 1933 kalayan ngaran Bandoengsche Zoologisch Park (BZP). Urang Bandung mah geus lila nyebutna Derenten, nu asal kecapna tina basa Walanda dierentuin anu hartina kebon binatang.

Kebon Binatang Bandung téh kebon binatang pangkolotna kadua di Indonesia sanggeus Kebon Binatang Rawamangun di Jakarta, anu ayeuna leuwih dipikawanoh minangka Taman Margasatwa Ragunan. Tempat éta dibuka taun 1864 di Cikini kalayan ngaran “Planten en Dierentuin”.

Mimitina, BZP diwangun ku pamaréntah Walanda pikeun tujuan konservasi lahan lega 14 héktar. Sakaligus dijadikeun tempat panalungtikan sato, utamana spésiés anu kaancam punah saperti gajah, maung, singa, jeung zebra ngaliwatan program pamekaran biakan (breeding program).

Ngan geuning,  rencana éta dina prakna robah. Kebon binatang lajeng jadi fasilitas pikeun miara sato dina kandang anu dipintonkeun ka umum. Lingkunganna dirancang sangkan nyaman tur saalamiah, minangka bagian anu teu bisa dipisahkeun tina identitas Kota Bandung.

Hanjakalna, identitas éta tétéla teu mampuh nahan uji jaman salila saabad. Pilihan alternatif pikeun wisata kebon binatang ayeuna ngan nyésakeun Lembang Park and Zoo di Lembang.

Padahal di daérah séjén, kebon binatang sarupa meunang pangrojong serius ti pamaréntah satempat, saperti Batu Secret Zoo di Kota Batu, Malang, Jawa Timur, jeung Bali Zoo di Gianyar, Bali.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.