Ku: Ridhazia
MENTERI Sekretaris Nagara (Mensesneg) Prasetyo Hadi negeskeun yén pamaréntah henteu museur kana ngudag hasil survéy éléktabilitas.
Éta katerangan ditepikeun ku Istana pikeun ngaréspon hasil panalungtikan ti lembaga riset ngeunaan dinamika tingkat kapuasan masarakat jeung éléktabilitas présidén.
Naon ari éléktabilitas?
Éléktabilitas téh mangrupa tingkat kasempetan hiji jalma kapilih dumasar kana hasil survéy pamadegan masarakat.
Sanajan lain hasil pamilihan nu sabenerna, angka-angka éta ngagambarkeun sabaraha gedéna kasempetan saurang tokoh pulitik dipilih sarta dipikaresep ku pamilih.
Kalayan kecap séjén, hasil survéy téh mangrupa potret pamadegan masarakat dina hiji mangsa. Dina prak-prakanana, henteu saeutik hasil survéy anu kabuktian miboga tingkat akurasi nu hadé.
Malah, para tokoh jeung kelompok pulitik mindeng ngagunakeun data survéy pikeun maca arah dukungan ti masarakat.
Kabuktian nyata
Salian métode survéy dirarancang sacara ilmiah, di antarana ngagunakeun sampel nu kaukur sarta ngawakilan populasi, pesen nu nyamuni dina angka-angka survéy ilaharna ditapsirkeun minangka gambaran kajujuran rahayat dina meunteun kredibilitas hiji tokoh pulitik.
Lamun lain ku cara survéy, ku cara naon deui kahayang rahayat rék diukur?*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments