Ku: Ridhazia
HAL ieu pisan nu jadi bahan pergumulan para akademisi pikeun neangan titik pangkal sabagian masalah di nagara ieu. Naha aya patalina jeung tingkat IQ, lantaran karasa loba urusan bangsa siga-siga terus “dibobodo atawa dibodobodokeun” ku pamingpin nagara séjén.
IQ Rendah
Dumasar kana situs World Population Review, rata-rata IQ bangsa Indonesia masih kaasup handap.
Rata-rata IQ bangsa Indonesia aya dina kisaran 78,49. Angka ieu aya di handapeun rata-rata IQ global anu berkisar antara 85 nepi ka 115.
Skor éta nempatkeun tingkat kacerdasan bangsa Indonesia dina peringkat ka-127 tina 197 nagara.
Hampura, ieu kaasup goréng pisan.
Skor rata-rata IQ Indonesia jadi anu panghandapna dibandingkeun jeung sababaraha nagara séjén di Asia Tenggara.
Bangsa Laos wungkul skor IQ-na ngahontal 80,99, Filipina 81,64, Brunei Darussalam 87,58, Thailand 88,87, Vietnam 89,53, Myanmar 91,18, sarta Kamboja 99,75. Sedengkeun bangsa sarumpun Malaysia miboga skor 87,58.
Bangsa Singapura kalayan skor 105,89 jadi nagara kalayan IQ pangluhurna di dunya, disusul ku Jepang (106,48) jeung Taiwan (106,47).
Naon éta IQ?
Konsep IQ dikembangkeun ku Richard Lynn jeung David Backer. Gagasan anu harita sempet nimbulkeun kontroversi ieu dituangkan dina buku The Intelligence of Nations anu diterbitkeun taun 2019.
Dina asumsi éta, rata-rata IQ manusa anu dianggap normal atawa cerdas aya dina kisaran 85 nepi ka 115. Beuki luhur skor IQ hiji jalma, beuki luhur ogé tingkat kacerdasanna.
IQ anu luhur ogé jadi ukuran kamampuhan penalaran hiji jalma dina ngagunakeun informasi jeung logika pikeun nyieun prediksi sarta nyokot kaputusan.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments