Kolom Sosial Politik

Hotel Mewah di Kampung Haji

0

 

Ku: Ridhazia

INDONESIA  dipastikeun bakal ngawangun Kampung Haji di wewengkon Thakher, nu jarakna kira-kira 2,5 kilométer ti Masjidil Haram, Mekah.

Kapastian éta sanggeus Badan Pangatur Investasi Danantara, nu ngawakilan Pamaréntah Indonesia, meunangkeun tender (bidding) lahan legana kurang leuwih 4 héktar.

Nilai aset éta diperkirakeun ngahontal Rp 8 triliun atawa sarimbag jeung 500 juta dolar AS, pikeun ngakuisi taneuh jeung hotél. Dana éta asalna tina Danantara, BPKH, APBN, sarta gawé bareng jeung pihak swasta, kaasup pangawasaan kana Hotél Novotel Thakher Tower.

Hotél éta mangrupa hotél méwah béntang opat nu keur beroperasi kalayan kapasitas 1.461 kamar. Sajaba ti éta, direncanakeun bakal diwangun hotél sarupa kalayan tambahan kapasitas nepi ka total 6.025 kamar.

Ngurangan Waktu Tunggu

Kampung Haji Indonesia digagas ku Présidén Prabowo pikeun ngurangan waktu tunggu ibadah haji.

Daptar tunggu (waiting list) haji Indonesia nepi ka ahir taun 2025 ngahontal 5,4 juta urang, kalayan rata-rata waktos nunggunna antara 25 nepi ka 30 taun.

Mimitian taun 2026, pamaréntah nyaruaan masa antosan jadi 26 taun di sakabéh propinsi.

Kuota haji régulér taun 2026 ditangtukeun saloba 203.320 jamaah, di mana 10.166 kuota husus disadiakeun pikeun lansia.

One Stop Service

Kampung Haji nu direncanakeun bakal dioperasikeun taun 2028 bakal nerapkeun konsép one stop service, nyaéta ngahijikeun akomodasi, konsumsi, jeung fasilitas kaséhatan saperti rumah sakit atawa klinik dina hiji kawasan terpadu.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolmnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.