Budaya

Harendong: Bubuahan Nu Geus Langka

0

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

IEU  ngaran tatangkalan téh kungsi aya dina rumpaka lagu Sunda anu disusun ku Deddy Windiagiri jeung Mang Koko:

haréndong meuhpeuy harideung

jalan satapak rarambu leuweung

geus ngolébat ieung nu dipitineung … jst.

Tah enya, judul laguna “Sariak Layung di Gunung”. Kungsi popilér dina taun 1960-an. Kétang, da ayeuna gé ceuk nu resep mah, atawa ceuk nu boga panineungan, éta lagu téh masih dipikaresep.

Ari pikeun kuring mah, leuwih ti heula apal kana juntrung barangna. Enya, kana tangkal haréndong anu buahna gémplék harideung. Mindeng manggihan téh di tegalan, ngahiji jeung bangsaning jujukutan katut pepelakan perdu lianna.

Lian ti haréndong, aya deuih cécéndét anu sok neba di tegalan téh. Buahna leuwih gedé ti haréndong, nu geus asak mah kelirna rada deukeut ka oranyeu atawa pulas gedang asak. Kecap cécéndét mah manggihan téh dina paribasa, cécéndét mandé kiara, anu maksudna adu hareupan atawa ngalawan anu lain tandinganana. Boh haréndong boh cécéndét, rasana sarua amis.

Naha ari haréndong jeung cécéndét geus kaasip kana bungbuahan langka? Bisa jadi geus langka, lantaran sakanyaho mah tangkal haréndong jeung cécéndét téh tara ngahaja dipelak, da sok jaradi sorangan, di tegalan. Ari ayeuna, apan tegalan téh geus langka, da geus béak dipaké atawa diadegan wawangunan. Nya tangtu waé tangkal haréndong jeung cécéndét téh geus langka. Mémang enya, ka dieunakeun mah tangkal cécéndét aya nu ngahaja melak, istilahna dibudi-dayakeun, lantaran cenah loba kasiatna pikeun kaséhatan awak urang. Malah cécéndét anu geus didagangkeun di supermarket mah hargana ogé jadi katitih mahal. Anu tadina dianggap barang tei pira téh. Ari geus kanyahoan kasiatna mah jadi aya hargaan.

Henteu gedé jeung henteu jangkung, tangkal haréndong téh. Kitu nu biasana jaradi di tegalan mah. Tapi ari nu disebut haréndong leuweung mah tangkalna rada jangkung, bisa leuwih ti saméter. Ayeuna mah urang nyaritakeun haréndong anu aya di tegalan wé.

Daun haréndong téh semu kasap, maksudna karasa aya bulu parondok mun diusap atawa dirampa téh. Ari buahna kira-kira saluhureun pedes. Laleutik semu ngagonyok. Buah anu geus asak kelirna hideung, ari nu atah atawa nu ngora kénéh mah héjo. Haréndong anu geus asak rasana amis, najan aya sari kesed. Lamun urang ngadahar haréndong, kana létah jeung kana huntu sok jadi semu wungu. Éta téh warna tina haréndong, terus napel dina létah. Ari haréndong nu héjo kénéh mah ulah didahar, da rasana kesed.

Buah haréndong anu geus asak téh kabeuki cangkurileung. Éta sababna di tegalan nu aya tangkal haréndong, sok katempo cangkurileung tinggeleber, naréangan hakaneun. Meureun ku pédah rasana amis, pangna cangkurileung beukieun téh.

Hanjakal tara loba meunangna, mun ngala haréndong téh, jaba deuih apan buahna gé laleutik. Lila mun hayang meunang sacanggeum gé, padahal ukur sahuapeun. Nya tangtu waé ari néangan jeung ngala haréndong mah ukur pikeun reresepan. Lain ngudag hayang seubeuh.

Tangkal haréndong kaasup anu sok diarit, dipaké parab sasatoan, dihijikeun jeung jujukutan. Éta pangna di tegalan anu mindeng diarit mah, tangkal haréndong téh tara ngari.

Saenyana tangkal haréndong téh teu ngan sok diala buahna wungkul, sabab tangkalna ogé anu ngora kénéh mah rasana rada amis. Kitu deui daunna réa mangpaatna. Geura waé lamun urang raheut, bisa ditaplokan ku daun haréndong meunang ngarieus atawa meunang ngagecek. Getih nu nyakclakan tina raheut téh sok langsung saat.

Sajaba ti éta, daun haréndong téh sok dihijikeun dina kuluban daging, sangkan gancang hipu. Daun haréndong téh deuih sok dihijikeun kana kuluban daun gedang anu rék dipaké lalab, ngarah teu pait. Meresihan lauk cai pikeun miceunan leuleueurna ogé, mun dibaluran ku daun haréndong mah jadi babari ngaleungitkeunana.

Mun urang mandi, hég diruru ku daun haréndong, kana kulit téh babari beresih. Lamun daun haréndong digecek dina dampal leungeun, engkéna sok kaluar budah. Tah, budak éta anu bisa dipaké meresihan kulit téh. Mandi bari diruru maké dangdaunan téh disebutna dikasay. Sajaba ti daun haréndong, anu sok dipaké kasay téh daun peuteuy sélong deuih. *

 * H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Budaya