Ku: Asep Iwan Setiawan
IBADAH haji ngajadikeun haté jadi tenang, hiji kalimah anu ngagambarkeun kumaha ibadah haji tiasa mawa katengtreman sareng karaharjaan haté jalma. Ibadah haji lain ngan saukur ritual, tapi ogé bisa ngabantu ningkatkeun kualitas spiritual. Dina ngalaksanakeun ibadah haji, hiji jalma diingetkeun kana pentingna kasadaran spiritual nuwuhkeun sifat jeung sikap ihsan ka Allah Swt sarta nguatken kataqwaan.
Nu disebut spiritual nyaéta mengrupa kasadaran deukeut jeng deuheus ka Gusti nu nyiptakeun jeung miara alam marcapada. Ibadah haji bisa ngajadikeun hiji jalma pikeun bisa ngaleupaskeun sarupaning bangbaluh hirup anu salila ieu ngaganggu pikiran jeung haté maranéhanana. Ku ngalaksanakeun ibadah haji, hiji jalma bisa ngarasakeun kabgajaan tur katentreman anu teukungsi karandapan saencana.
Jembarna haté ngabukti dina hirup kumbuh di masyarakat tara nganyerikeun dulur jeung batur, sabar dina nyanghareupan tantangan hirup, arta ngarasa leuwih syukur kana nikmat ti Gusti Alloh Swt. Haji ngajadikeun haté jadi tenang lain ngan saukur ucap, tapi ogé hiji pangalaman anu mokaha pikeun hiji jalma anu ngalaksanakeun ibadah haji. Pangalaman ieu sawadina bisa mawa parobahan positif dina diri hiji jalma jeung ngabantu maranéhanana pikeun janten langkung saé dina ngalaksanakeun kahirupan sapopoé.
Dina ngalaksanakeun ibadah haji, hiji jalma diingetkeun ngeunaan pentingna sabar tur tawekal dina enggoning nyanghareupan tantangan hirup. Ku kituna, hiji jalma bisa jadi leuwih kuat sarta leuwih tabah dina nyanghareupan sagala halangan. Nalika haji ngajadikeun haté janten tenang, éta mangrupa totondén mabrur jeung jadi pangalaman anu moal bisa dipopohokeun. Pangalaman ieu bisa ngabantu hiji jalma pikeun jadi leuwih hade dina ibadahna sarta leuwih deukeut ka Allah Swt.
Ari totondén mabrur nu diuningakeun ku Kanjeng Rasulullah Saw aya tilu. Kahiji, sok méré dahar ka jalma nu lapar, ngandung harti gaduh sikep dermawan sok méré mawéh ka sasama, malah oge ka sato. Kadua, nebarkeun salam maksudna sajabi ti sok miheulaan ngucapkeun salam nu intina ngado’akeun salamet, oge ngandung harti hirupna nengtremkeun balaréa lain sabalikna ngaririweuh batur. Katilu, cumaritana, saucap lampah paropolahna teh estuning hadé matak genah tumaninah kanu diajak ngobrol teu sareukseuk sumawona ngaraheutkeun haté batur.
Haji nu mabrur lain ngan ukur nunjukaeun hubungan saé sareng Alloh Swt tapi écés jéntré hubungan nu harmonis jeung papada manusa ku sabab alusna haté bebas tina lalangsé. Nu disebut lalangsé haté nyaéta boga rasa baluweng hirup alatan loba panyakit haté nu reuteum sabangsasing sombong (takabur), pamér (riya), goréng haté ka batur (hasad), deleka (dzolim), jeung sajabana. Haté nu kaancikan lalangsé biasana hirup ngarasa rupek teu puguh polah nu antukna tunggul dirarung catang dirumpak.
Lalangse haté bakal sirna ku jalan tilu hal. Kahiji gadu’a sareng dzikir ka Gusti Alloh, kadua aaca Al Quran, jeung katilu istigfar nyuhunkeun ampunan ti Gusti nu maha suci, janten jalma anu rumasa lamokot ku dosa, lain jalma nu ngarasa pang mulyana sadunya, sikap tawadhu jadi akar dina kahirupannana, ngalahirken sikap nulung kanu butuh nalang kanu susah.
Mudah-mudahan umat Islam nu kungsi haji jeung jamaah haji taun ieu kagolong haji mabrur tbisa nyingkabkeun lalangsé haté. Ibadahna ditampi ku Gusti Nu Maha Suci, ogé aya tapakna tiasa hirup kumbuh di masarakat hadé sareng sasama. Pikeu nu tacan haji mugia dibanjuran rizkina bisa miang ka tanah suci ogé bisa mapantes diri ngahias awak jadi calon jamaah haji nu mabrur, malah mandar geus mabrur saméméh haji.*
H. Asep Iwan Setiawan, alumni S3 SAA Konsentrasi Agama dan Media Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati Bandung, Kabid Pendidikan PWMA Jabar, Ketua Prodi Manajemen Haji jeung Umroh (MHU) Fakultas Dakwah dan Komunikasi (Fidkom) UIN Sunan Gunung Djati, nganjrek di Sindanglaya Arcamanik, Bandung, Jawa





































Comments