Kolom Sosial Politik

Dosen Kakilima di Jojodog Terminal Banjaran

0

Ku: Herdiana

DI salah sahiji  emper toko hareupeun terminal mobil Banjaran,  Kabupaten Bandung, Jawa Barat tempat ngetemna angkot jeung mobil jurusan Bandung kidul, aya hiji jojodog leutik. Di dinya kuring sapopoe diuk, gawé minangka tukang sol sapatu. Teu boga kios, teu boga papan usaha, ngan ayana bangku leutik jeung kas tina kai pinuh ku perkakas: jarum, benang, lem, peso, jeung palu leutik.

Sakapeung jalma nu liwat, ningali ngan sakilat. Sigana moal nyangka yén ti tukang sol sapatu saperti kuring, aya paguneman-paguneman jero nu sok nyambuang, siga sora batin nu milari jalan mulang. Di tempat nu disangka leutik, kuring ngalaman lalakon nu ageung: perjalanan sunyi nu matak ngageuing haté.

Lamun batur nyebut diri “motivator”, kuring mah henteu nyebut naon-naon. Tapi nu nyampeurkeun sok nyebut: “dosen kakilima”. Sora disebut kitu téh asalna tina obrolan, tina curhat, tina haté-haté nu palastra jeung nu nyungsi harepan.

Unggal poé aya waé nu nyampeurkeun. Mahasiswa nu susah nyusun skripsi, supir angkot nu kasiksa ku setoran, ibu-ibu nu tegep najan rumah tanggana taya harmoni. Nepi ka nu disebut “jegér” terminal: awak bau alkohol, biwirna kejem ku amarah, tapi haténa? Teu beda jeung urang sadaya—milu milari kahadean.

Hiji peuting, saurang jegér datang ngagubrag. Gogorowokan. Ngageremkeun pasar. Tapi sora panggeterna lain balak-balakanana, tapi kalimat anu ngageprak haté:

“Geus weh, mening mabok! Da najan teu mabok ge anger… imah mah ngontrak, teu kabayar, pamajikan balik ka indung bapana, anak aing digusur bari careurik!”

Kuring ngeureunkeun nyol sapatu. Nyerenkeun napas, ngadeukeutan manéhna ku kecap:

“Dina hirup, loba hal nu teu bisa dihontal jeung dikendalikeun. Tapi pilihan pikeun henteu ngarusak diri sorangan, éta masih aya di leungeun sorangan. Mabok mah ngan mareuman pikiran saheulaanan, tapi masalah mah bakal tetep hirup.”

Manéhna reureuh. Tungkul. Jeung nalika cimata na murag, terminal nu biasana rame, ngadadak ngagedur ku sepi. Waktu lirén. Jalma-jalma nu nyaksian leuleus. Meureun ieu nu disebut: sakilat hudang tina kabobodoan. Haté manusa sabenerna rapuh. Urang sadayana, sabenerna sarua: unggal seuri simpen ceurik, unggal kuat simpen gering.

Kuring mikir, bisa jadi ieu téh panggilan Gusti. Anjeuna ngutus hiji jalma, datang ka tukang sol sapatu, lain pikeun diubaran sapatuna, tapi dipaparin kuping pikeun ngadenge, jeung kahadean pikeun nampa.

Kuring nyadar, yén jojodog ieu lain tempat nyol sapatu wungkul, tapi jadi madrasah pangharepan. Nu datang teu salawasna butuh tambalan kulit, tapi tambalan jiwa.

Aya waktu séjén, budak leutik ngadongdang sapatu na nu ngagerus. “Mang, ieu sapatu sakola. Abdi hoyong dipakena deui… sabab can bisa meuli nu anyar.” Indungna nyebut, éta sapatu geus dipaké ti SD, ayeuna budakna geus kelas hiji SMP. Kuring nyol éta sapatu kalawan haté beurat. Dina sapatu nu robak, kuring ningali perjuangan. Dina tarikan benang, kuring nyulam harepan.

Hirup téh lain keur balapan. Lain pikeun jadi pangheulana meunang. Tapi pikeun silih hampura, silih nguatkeun, jeung silih tambal.

Hirup téh ulah dikumbah ku kahayang, sabab kahayang mah teu aya tungtungna. Tapi kudu dipaparin makna, sabab makna téh nu ngajadikeun hirup urang henteu muspra atawa leungit harti.

Loba jalma boga imah gedé, mobil mahal, duit loba, tapi haténa kosong. Sedengkeun di terminal ieu, tempat leumpang nu teu disangka, aya kahirupan nu jujur. Tempat paling jujur mah lain mimbar, tapi terminal, pasar, gang leutik, tempat nu henteu ngahaja nyarita, tapi mibanda kahadean anu nyurup.

Mun sapatu robak bisa ditambal, naha haté robak henteu bisa? Cik, saha nu henteu kungsi kacekel ku bungah jeung sedih, seuri jeung ceurik, sehat jeung gering? Sadaya sarua. Dina tuangeun ge sarua: sahuap-sahuap. Atuh, naha kudu saling nyalahkeun? Meureun waktuna urang silih déngékeun.

Kuring hayang, sing saha waé nu maca carita ieu, eureun sakeudeung. Lamun leumpang nuju poek, tong antapan. Ieu carita, mugia tiasa jadi obor leutik. Lamun haté keur sare, mugia tiasa hudang. Lamun katalangsara, mugia karasa dipaparin pangarti.

“Kumaha kabar haté anjeun ayeuna?”

Catetan:
Carita ieu dumasar kana pangalaman saujratna. Kuring baheula kungsi jadi tukang sol sapatu di terminal Banjaran lilana sataun, waktu reureuh kuliah alatan teu sanggup mayar SPP. Tapi hirup nu katingalina leutik ieu, nganteurkeun kuring kana pangalaman gedé: ngadengekeun haté jalma, jeung diajar ngadengekeun haté sorangan. Mugia jadi hikmah pikeun urang sadaya. *

    * Herdiana, alumni S2 Komunikasi Penyiaran Islam (KPI) Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati Bandung, Sekjen IKA Institut Agama Islam Persis Bandung, paniten pasualan sosial pulitik jeung budaya Sunda, nganjrek di Kabupaten Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.