SundaNews (10/12/2024). Dompet Dhuafa Voolunter Jabar Chapter Bandung ngalaksanakeun kagiatan rékréasi jeung barudak disabilitas ka Kebon Binatang Bandung, Jawa Barat, Minggu 24 November 2024. Kagiatan nu dipasieup ku tema mengukir senyum disabilitas ieu teh, dikokolakeun pikeun ngadukung kamekaran psikologis jeung aspek sosial barudak disabilitas. Interaksi langsung jeung sasatoan nu aya di kebon binatang bisa ningkatkeun kaahlian inderawi jeung emosional barudak. Sajaba tia eta, kagiatan diluar ruangan kelas ieu dipiharep bisa ngahudangkeun rasa gumbira dina hate barudak. Sok kumaha oge, barudak disabilitas merlukeun perhatian husus boh ti lingkungan kulawarga jeung sakola, boh ti masarakat sakumna (Foto: SundaNews/Sipa Suci Lestari).
Comments