SundaNews (07/01/2025). Sanghyang Henit téh mangrupa permata anu kacida éndahna di wewengkon Kabupaten Bandung Barat, Jawa Barat. Sanghyang Henit nawarkeun pangalaman wisata alam anu asli tur matak pikabetaheun. Salaku bagian tina jejak géologi alam anu unik, tempat ieu mere sawangan ngeunaan kumaha kakuatan alam nyiptakeun kaéndahan anu langgeng salila rébuan taun. Cocog atawa cop pisan lamun dijadikeun tempat ngabuburit dina bulan puasa Februari 2025 engke. Batuan vulkanik anu ngalapis aliran cai leutik di Sanghyang Henit teu ngan saukur endah nikmat disawang, tapi ogé mawa para pangunjung kana perjalanan sajarah alam anu beunghar ku nilai édukasi.(Foto:SundaNews/Taupik Ihsan)
Comments