Kolom Sosial Politik

Cumarita Nu Euweuh Eusina

0

Ku: Ridhazia

DI dunya maya, kecepatan  geus ngéléhkeun kedalaman. Malah ngéléhkeun kabeneran nu sok hirup di alam nu sepi.

Eta kasimpulan ti ahli téori média jeung kritikus kabudayaan Neil Postman (1933-2003) dina bukuna “Tina Layak Didéngé Jadi Saukur Kadéngé: Krisis Etika dina Jaman Digital.”

Ayeuna, dina jaman digital mah cukup boga akun pikeun nyarita naon waé sanajan euweuh eusina, euweuh etikana.

Malah transformasi kabudayaan ogé geus robah, ti dunya nu ngahargaan harti jadi dunya nu muja eksistensi digital.

Baheula jeung Ayeuna

Hiji fenomena nu matak panasaran, baheula jalma nyarita sanggeus diajar, mikir jero, jeung ngabuktikeun dirina pantes.

Ayeuna mah, mindeng cukup ngan saukur “kadéngé” wungkul, sanajan tulisan nu ditepikeun euweuh ajénna atawa malah ngaruksak.*

   * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat. 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *