SundaNews (17/01/2024). Cultural Innovation Summit 2024, anu digelar ku mahasiswa Ilmu Komunikasi FISIP Unpas, dilaksanakeun dina poe Jumaah 27 Desember 2024 di Aula Suradireja, FISIP Unpas, Jl Lengkong Besar Kota Bandung, Jawa Barat. Tema nu diusungna “Ngahirupkeun Deui Nilley Budaya dina Era Inovasi”.
Kagiatan anu digelar teh di antarana unjuk kabisa nyaeta mahasiswa nembongkeun bakat senina sewang-sewangan, kaasup tarian tradisional, musik, jeung seni rupa. Satuluyna fashion show, parade busana tradisional jeung modern. Dipasieup ku mojang jajaka, yaeta ajang budaya Sunda pikeun mahasiswa nu ngawengku pangaweruh budaya jeung kaparigelan komunikasi. Acara diungpkas ku pemilihan ketua anglatan 2024 ngagunakan sistem voting. Acara ieu didukung ku para mahasiswa, organisasi kampus, jeung rengrengan dosen utamana para pejabat tingkat jurusan jeung dekanat (Foto: SundaNews/Asyifa Dhiya).
Comments