Kolom Sosial Politik

Brainrot, Nurunkeun Kacerdasan Manusa

0

Ku: Ridhazia

Awas kana HP. Kabiasaan teuing ngagolontor (scrolling) bisa nyababkeun brainrot, nyaéta pembusukan uteuk.

Brainrot geus jadi perhatian para panalungtik jeung jadi topik nu pangpopulérna. Malah kungsi ditetepkeun jadi Kecap Taun 2024 ku Oxford University Press.

Naon ari Brainrot…

Brainrot diidentipikasi jeung dijelaskeun minangka kaayaan turunna kamampuhan kognitif manusa saperti daya émut, konsentrasi, jeung kamampuhan mikir kritis.

Sadayana éta akibat uteuk terus-terusan dirangsang tanpa eureun, sarta teu dibéré waktu pikeun istirahat tina konsumsi eusi média sosial anu kacida lobana. Utamana eusi-eusi anéh jeung nu mibanda kualitas atawa nilai nu handap.

Kawas Pandemi

Sumebarna “panyakit” brainrot téh teu éléh bahaya dibanding panyakit kaséhatan manusa séjén nu diasupkeun kana golongan pandemi.

Pandemi téh hartina wabah panyakit nular nu nyebar sarentak jeung ngalintasan wewengkon géografis anu lega (sakabéh nagara/benua). Kalayan kecap séjén, ieu téh geus jadi masalah bareng pikeun jalma-jalma sakuliah dunya. *

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *