Ku: Ridhazia
Nagari jeung bangsa ieu boga hawa kaagamaan anu hadé. Buktina, para biarawan Ordo Fratrum Minorum (OFM), hiji ordo Katolik, “nyantri” di Pesantren Ékologi Ath-Thaariq, Garut.
Numutkeun warta anu dilansir ku VOA (Voice of America), para biarawan ngora éta teu ukur ngadiskusikeun lintas agama, tapi ogé diajar ngeunaan ékologi jeung konsép “green Islam” di éta pesantren.
Komo deui, para “santri” ti agama séjén éta ogé langsung prak-prakan ngolah sawah jeung kebon nu dijadikeun laboratorium pesantren.
Santri ogé diajar kumaha cara nyieun pupuk, nyieun karajinan tina bahan alami, nepi ka panén buah jeung sayur.
Salila 14 poé, para biarawan cicing di pesantren, kalayan disayagikeun hiji rohangan husus pikeun misa jeung ibadah.
Pesantren Ékologi
Pesantren Ékologi Ath-Thaariq di Tarogong, Garut, Jawa Barat, museurkeun pangajaran kana kelestarian lingkungan tina sudut pandang Islam.
Kalawan lahan 7.500 méter pasagi, para santri diajar kumaha ngolah tatanén, kebon, jeung ternak maké sistem Open Pollinated Organic Seed pikeun ngajaga ékosistem salaku wujud ketundukan manusa ka alam semesta.
Pesantren ieu diadegkeun dina ahir taun 2009 kalayan konsép kekeluargaan. Ngaliwatan pesantren ieu, ékologi dijaga sacara nyata kalayan élmu agama minangka pondasina. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments