SundaNews (7-12-2024). Bandung nu katelah kota kembang, kiwari geus jadi kota macét. Poe Senen 2 Désémber 2024 di Cinunuk, Kabupatén Bandung, jam 06.20 kamacetan lalu lintas kacida parnana. Puluhan mobil jeung ratusan motor ngadon ngaheujeun teu bisa maju. Estuning bener-bener heurin jeung teu bisa usik. Pon kitu deui Jumaah peuting 6 Desember 2024 jam 19.40 di Jl Soekarno Hatta arah ka Jl Buahbatu, kamacetan lalu lintas ngoray pisan. Perlu aya kawijakan ti pamaréntah pikeun ngungkulan masalah ieu, sangkan landian Bandung Kota Kembang bener-bener jadi kanyataan (SundaNews/Farhan Maulana M)
Comments