Ku: Ridhazia
BMKG ngingetkeun ka warga Bandung supaya waspada kana kamungkinan kajadian puting beliung. Kudu siap-siap ngalindungan diri lamun geus ningali fenomena méga hideung dibarengan ku hujan gede, kilat, jeung angin kenceng.
Puting beliung téh kacida ngagegerkeunana lantaran daya ngaruksakna gede pisan. Bisa ngangkat tangkal anu geus ngakar ratusan taun, ogé ngapungkeun barang séjén nepi ka puluhan méter ka langit.
Kajadian alam ieu diprediksi bakal leuwih sering jeung leuwih kuat lantaran parobahan iklim. Kitu nurutkeun ramalan BMKG jeung BRIN (Badan Riset jeung Inovasi Nasional).
Taun 2025
Sapanjang taun 2025, laporan ngeunaan kajadian puting beliung geus sababaraha kali kadéngé di Bandung. Nu pangahirna kajadian di Bojongsoang dina Oktober 2025 jeung di Ujungberung (Nopémber 2025).
Sedengkeun amukan angin nu matak ngeri ogé kungsi karandapan di daérah perbatasan kota, saperti di Cileunyi, Cimenyan, Rancaekek, jeung Cicalengka dina taun 2024.
Tornado Bandung
Dina hiji artikel anu dimuat dina Jurnal Meteorology and Atmospheric Physics tanggal 21 Oktober 2025, tim panalungtik ti BRIN ngabéjaan yén durasi puting beliung di wewengkon Bandung téh leuwih lila tibatan biasana.
Biasana, puting beliung lumangsung sakeudeung wungkul, tapi anu kajadian di Bandung téh leuwih panjang. Kakuatan atawa laju angin di Cimenyan contona, bisa ngahontal 56 kilométer per jam — sarua jeung kakuatan tornado di Amérika Serikat.
Dumasar kana éta panalungtikan anu judulna “High wind associated with bow echo mesovortex over Cimenyan, Indonesia”, para panalungtik sapuk yén puting beliung ayeuna teu bisa dianggap enteng deui.
Parobahan Lahan
Panalungtik BRIN ngajelaskeun yén robahna fungsi lahan ti aréa héjo jadi kawasan industri di Bandung jadi salah sahiji sabab utama kajadian ieu.
Hal éta nyababkeun panas nu leuwih intensif di permukaan taneuh, anu ahirna micu kabentukna puting beliung.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments