Kolom Sosial Politik

Asal-Usul Kuntilanak

0

Ku: Ridhazia

SABABARAHA  panalungtikan nyoba ngungkab asal-usul kuntilanak — sosok jurig awéwé anu misterius, buukna panjang, maké baju bodas, sarta sok seuri cicirihilan bari sok aya sora anjing ngabangbaung.

Hal anu matak sieun kitu di Tatar Sunda malah digambarkeun mibanda tonggong bolong. Pikeun nangkal supaya jurig kuntilanak teu mucunghul, di sababaraha tempat aya kapercayaan yén awéwé nu keur kakandungan (keureuneuh) “kudu” mawa panitih paku, péso, atawa gunting.

Tina Panempo Antropologis

Saurang antropolog asal Jérman ngaranna Timo Duile sacara husus ngulik asal-usul sarta kumaha kuntilanak bisa jadi populér pisan di Indonesia nepi ka bisa matak sieun manusa.

Panalungtikan éta dijudulan “Kuntilanak: Ghost Narratives and Malay Modernity in Pontianak, Indonesia” nu dimuat dina Journal of the Humanities and Social Sciences of Southeast Asia taun 2020.

Naon hasilna?

Ternyata sacara antropologis, kuntilanak teu leuwih ti hiji sosok bayangan tina kasieun manusa gunung ka tangkal-tangkal jangkung, nu asalna tina mitos jeung carita rahayat anu geus ngakar kuat dina kabudayaan Indonesia.

Kuntilanak dipercaya minangka arwah penasaran tina awéwé anu maot bari keur hamil atawa nalika ngalahirkeun, sarta anakna teu acan lahir. Arwah éta digambarkeun minangka roh nu dendam, nu neangan pambales kana tragedi anu kungsi nyangsang dina hirupna.

Kapercayaan kuna éta sabenerna nyambung kana mitologi Hindu baheula, anu disebut Yakshi — setan awéwé nu ngahantui kuburan sarta matak sieun pisan ka nu hirup.

Ceuk panalungtik tadi, mitos jeung misteri kuntilanak ogé patalina jeung asal-usul Kota Pontianak di Kalimantan Barat. Kecap “Pontianak” sorangan asalna tina basa Melayu “ponti” anu hartina tangkal jangkung dina jaman kapercayaan animisme.

Jurig Awéwé (Hantu Feminim)

Panulis sarta panalungtik Nadya Karima Melati dina karyana “Monsterisasi Perempuan dan Monoteisme” anu ngalakukeun riset ngeunaan kuntilanak ti taun 2013, medarkeun pamadegan anu matak panasaran.

Numutkeun Nadya, sosok kuntilanak ayeuna robah jadi teu pati matak sieun saperti baheula, sabab datangna agama monoteisme anu nolak ayana mahluk spiritual salian ti Gusti.

Pandangan ngeunaan roh saterusna robah jadi hantu atawa monster. Malah datangna agama monoteisme ogé dibarengan ku parobahan konsép patriarki anu maskulin, bari hantu — dina hal ieu kuntilanak — dianggap minangka gambaran nu feminim.*

* Rodhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.