Ku: Ridhazia
DUH, Nadiem. Padahal di Gojek rejeki anjeun sakitu ngalimpah. Lain saukur ku sabab ide bisnis anjeun, tapi ku sabab kahadean anjeun.
Anjeun didoakeun ku rébuan pangojek katut anak pamajikanana sangkan gancang dipaparin ku Gusti kaluar tina pasualan hukum nu ngurung anjeun. Dibébaskeun sa-bébas-bébasna. Dipaparin kaséhatan sapertos sedia kala.
Pikeun para pangojek, anjeun dianggap manusa calakan di ieu nagri anu mere harepan hirup ngaliwatan solusi lapangan pagawean. Ari para politisi mah ukur ngajual jangji pulitik. Sorana teu kadéngé deui.
Sumawona ide Gojek anu anjeun tetepkeun ku nawarkeun kalenturan waktu digawe jeung kasempetan panghasilan anu saméméhna can kungsi aya. Sanajan kudu nyanghareupan perdebatan perkara status kamitraan jeung pagawé tetep. Éta mah hal biasa dina unggal ide anyar anu luar biasa.
Jutaan!
Gojek miboga total 3,1 juta mitra pangemudi anu kadaptar. Ampir 1 juta mitra aktip gawe saban poé.
Bayangkeun, saurang pangojek bisa kaluar tina masalah pangangguran. Ayeuna panghasilan sapopoéna kisaran Rp200.000 nepi ka Rp250.000, kalayan poténsi panghasilan bulanan Rp4,5 juta nepi ka Rp6 juta.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments