Kolom Sosial Politik

Lamun Kurs Dollar Nembus Ka 17.8.45

0

 

Ku: Ridhazia

LAMUN kurs dolar nembus angka psikologis sarua jeung “poé kamerdikaan” nyaéta 17.8.45 rupiah, lain hartina Indonésia balik deui ngarayakeun bébas tina jajahan jeung kamiskinan. Sabalikna, rahayat leutik malah bisa kacekék ku beban ékonomi.

Balukar melemahnya kurs, anggaran nagara ogé kakuras. Sabab nagara miboga hutang dina denominasi dolar AS, kapaksa kudu ngaluarkeun rupiah leuwih loba pikeun mayar cicilan jeung bungana.

Kitu deui pihak swasta. Kaayaan kurs dolar kana rupiah anu teu stabil bisa waé maksa timbulna gelombang PHK. Pausahaan swasta kabawa kasusah lantaran kanaékan kurs.

Pelarian Modal

Bank Indonesia biasana ngaréaksikeun pelemahan kurs ku naékkeun suku bunga pikeun nahan pelarian modal (capital outflow) sarta ngajaga stabilitas pasar.

Ngan  dampakna, suku bunga kiridit skéma floating rate (ngambang) pikeun sagala cicilan imah atawa kandaraan bisa milu naék. Iwal lamun cicilan masih dina mangsa fixed rate.

Ngamiskinkeun

Pelemahan nilai tukeur rupiah kana dolar AS nyababkeun biaya impor bahan baku industri jeung pangan pokok saperti gandum, kedele, atawa pupuk jadi leuwih mahal.

Balukarna, ranté harga kabutuhan poko pikeun kahirupan dasar rahayat milu naék. Samentara éta, nagara kabeungkeut ku hutang luar negeri anu beuki ngagedéan.*

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.