Ku: Ridhazia
HIJI spanduk kalawan tulisan gedé kabaca écés: “Eleh jadi cacing, meunang jadi naga” ngabentang di Stadion Segiri, Samarinda, Minggu (10/5/2026), dina laga Persija ngalawan Persib.
Jeung enya waé, skuad Maung Bandung Persib hasil ngungkulan Macan Kemayoran Persija dina pertandingan Super League 2025/2026.
Ungkara “eleh jadi cacing, meunang jadi naga” jadi sumanget pangrojong tim Persija dina laga badag. Skuad asal ibu kota Jakarta ditungtut meunang mutlak, atawa kudu narima éra lamun nepi ka éléh.
Macan Jadi Cacing
Kakalahan Persija ku Persib dina ieu patandingan ibarat Macan Kemayoran robah jadi cacing. Meureun cacing nu kahaneutan dina ahir laga, waktu éta skuad “ngagedur napsu” pikeun nyaruakeun skor.
Sedengkeun Persib? Tangtu jadi naga!*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis dan kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments