Kolom Sosial Politik

Taufik Hidayat: Psikopat Atawa Sosiopat?

0

 

Ku: Ridhazia

NEPI  ka kiwari tacan aya hasil pamariksaan resmi ti psikolog forensik kapulisian anu nétélakeun yén Taufik Hidayat (32) — palaku dina kasus nyekap jeung nyiksa Yuvita Tri Rezeki (29) di Bandung — kaasup psikopat atawa sosiopat.

Teu Sarua Sagemblengna

Psikopat jeung sosiopat téh henteu sarua sagemblengna. Sanajan duanana diasupkeun kana golongan antisocial personality disorder (ASPD) atawa gangguan kapribadian antisosial.

Antisocial personality disorder (ASPD) nyaéta gangguan pola paripolah anu dicirian ku kurangna empati, teu paduli ka batur, sarta henteu ngarasa salah atawa kaduhung kana lampahna.

Paripolahna ogé ilaharna impulsif jeung agrésif. Gampang kabawa émosi nepi ka ngabeledug. Malah dina kaayaan nu tangtu bisa nyerang jeung nganyenyeri saha baé anu henteu dipikaresepna, nepi ka ngabalukarkeun maot.

Psikopat atawa Sosiopat?

Kapribadian psikopat umumna patali jeung faktor bawaan ti lahir alatan aya kalainan dina struktur uteuk, hususna dina bagian anu ngatur émosi jeung rasa sieun.

Ku kituna, jalma anu ngalaman psikopat mindeng teu katingali miboga kalainan. Malah dirina sorangan ngarasa hirupna normal. Maranéhna kacida pinterna campur gaul sarta mindeng katémbong pikaresepeun (charming) dina kahirupan sosial.

Lamun ngalakukeun kajahatan, biasana geus dirarancang kalawan taliti, rinci, sarta jarang ninggalkeun tapak.

Saperti halna penderita ASPD séjénna, manéhna nganggap kajahatan anu dipigawéna téh lumrah, bari teu paduli kana aturan hukum naon baé.

Sedengkeun gangguan psikologis dina penderita sosiopat leuwih loba kabentuk ku pangaruh lingkungan sosial, utamana trauma mangsa budak di lingkungan kulawarga alatan pola asuh anu goréng.

Dina ulikan psikologi, jalma anu ngalaman sosiopat condong impulsif, gampang gugup, sarta pohara réaktif sacara émosional. Lamun kahayangna teu kacumponan, bisa langsung ambek badag jeung ngabeledug.

Dina pangaruh dorongan émosina, manéhna condong ngalakukeun lampah agrésif sacara spontan. Lian ti ngaruksak jeung nganyenyeri batur tanpa rasa salah, ogé bisa nyekap nepi ka maéhan.

Jalma anu ngalaman sosiopat sabenerna umumna nyaho yén kalakuanana téh salah. Sanajan kitu, dorongan ego jeung émosina mindeng leuwih kuat batan kasadaranana sorangan.*

  * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.