Ku: Ridhazia
KOREA Kidul keur diterpa béja panas. Lalaki di nagara ginseng eta téh rame-rame ngalakukeun operasi masang implan silikon pikeun ngagedékeun jeung manjangkeun “anu”.
Nagara éta ogé dibombardir ku iklan ubar kuat jeung suplemén. Sajaba ti éta, aya ogé tawaran alternatif urut jeung pijet, nepi ka ramuan tradisional anu diklaim bisa nambah stamina.
Henteu Permanén
Dunya kadokteran ngaréaksikeun kana fenomena di Koréa Kidul ieu, sarta nyatakeun yén usaha manjangkeun jeung ngagedékeun diaméter “anu” téh teu aman.
Smalah mah tibatan ngagedékeun jeung manjangkeun, éta téh boga résiko efek samping saperti inféksi, nyeri, nepi ka disfungsi éréksi.
Faktor Genetik
Para dokter nyebutkeun yén ukuran “anu” dina dasarna teu bisa diutak-atik, lantaran geus ditangtukeun ku faktor genetik.
Leutik tapi Proporsional
Dina jaman Yunani kuna, teu aya mitos ngeunaan ngagedékeun “anu”. Patung-patung Yunani kuna anu ngagambarkeun lalaki idéal malah miboga “anu” leutik minangka lambang rasionalitas jeung idéalisme.
Sabalikna, patung anu “anu”-na gede dianggap vulgar, boga karakter bar-bar, jeung dianggap tokoh anu teu boga kadali diri.
Bahkan dianggap minangka tanda kacerobohan atawa kabodohan, lain minangka kakuatan atawa martabat, kitu numutkeun National Geographic Indonesia. Tah, kumaha ceuk panggh saderek? *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments