Tokoh

Abdullah Mustappa, Aam Amilia, Sastrawan Budayawan Sunda Tilu Henerasi

0

Ku: Kin Sanubary

SundaNews (1-1-2025). Bungah  tur bagja kacida, kuring  bisa tepung lawung paamprok jonghok jeung tokoh panutan saha wae, di mana wae, jeung iraha wae,  alatan miboga hobi jadi kolektir. Taya lian ti ngumpulkeun jeung neundeun ngoleksi sakabeh koran jeung majalah heubeul nu kungsi medal utamana di Jawa Barat jeung Pulo Jawa.

Alatan hobi ngoleksi surat kabar jadul, kuring mindeng diondang kana acara-acara nu patali jeung dunya literasi. Bisa mikawanoh, papanggih, jeung tepang jeung tokoh Sunda anu luhung tur jadi suri tauladan, utamana anu aub dina dunya sastra jeung nepi ka kiwari masih kénéh ngabaktikeun diri pikeun ngalestarikeun budaya, basa, jeung sastra Sunda.

Ku ayana media sosial, kuring tiasa tepung jeung para tokoh nu dipikameumeut ku balarea , kaasup Ceu Aam Amilia oge Kang Abdullah Mustappa, carogena. Kuring dijapri ku Kang Mustappa yen anjeunna hayang panggih saupamana kuring aya kunjungan ka Bandung.

 

Alhamdulillah di ahir Desember panutup taun 2024, kuring bisa ngobrol leuwih raket jeung dua sastrawan anu kacida dipikameumeut, nyaéta pasangan salaki jeung pamajikan, Abdullah Mustappa jeung Aam Amilia.

Di daerah Ciwastra, Buah Batu, Kota Bandung, kuring dibageakeun ku Ceu Aam Amilia  jeung Kang Abdullah Mustappa. Obrolan lancar, enteng, uplek,  lir ngobrol antara babaturan nu geus lila teu paamprok jonghok. Kuring ngobrol ngeunaan tulisan jeung karya Aam jeung Abdullah Mustappa dina rupa-rupa media citak jeung karya anu geus dimuat dina buku oge tulisan sejenna nu dimuat di surat kabar jeung majalah.

Saakabeh geus pada nyaho, yén Bu Aam Amilia (78 taun) nyaéta salasahiji sastrawan anu karya-karyana dipikareueus ku balaréa. Aam Amalia, anu biasa disebut Ceu Aam, lahir di Cicalengka, Kabupaten Bandung, 21 Désémber 1946, nyaéta sastrawan, budayawan, wartawan, jeung kolumnis anu boga kalungguhan penting dina sastra Sunda.

Salian ti nulis carita pondok jeung buku, Bu Aam ogé kungsi jadi rédaktur jeung wartawan di sababaraha média citak basa Sunda jeung Indonésia, saperti Majalah Manglé, Hanjuang Bodas, Galura, Kudjang, jeung Pikiran Rakyat.

Bu Aam mimiti nulis dina taun 1961, nepi ka kiwari, geus  ngarang ratusan carita pondok jeung puluhan buku dina basa Sunda jeung Indonésia. Taun 1968, Ceu Aam meunang juara kahiji pasanggiri nulis IKAPI Jawa Barat, kategori maca déwasa basa Sunda. Taun 2015 jeung 2017, Ceu Aam meunang Hadiah Sastra Rancage ti Yayasan Kabudayaan Rancage anu digagas ku Ajip Rosidi.

Salian ti nulis, Ceu Aam Amilia babarengan jeung sastrawan séjénna anu jadi anggota komunitas Caraka Sundanologi di Bandung, ogé méré palatihan nulis ka para calon sastrawan. Sawatara sastrawan ngora anu dibimbingna di antarana Holisoh M.E., Tatang Sumarsono, Yus R. Ismail, Rosyid E. Abby, Tety S. Nataprawira, jeung Hermawan Aksan. Kusabab kitu Ceu Aam meunang julukan “Ibu Sastra Sunda”.
Kolom “Sekilas Romantika Kehidupan” mangrupa kolom husus anu dikokolakeun ku Ceu Aam dina Harian Pikiran Rakyat di Bandung anu kacida dipikaresepna ku pamaca sarta lumangsung salila puluhan taun.

Di sisi séjén, salakina, Abdullah Mustappa (79 taun) anu lahir di Garut 18 Nopémber 1945, nyaéta wartawan, sastrawan, jbudayawan, eung kolumnis anu karyana ogé geus ngawarnaan sastra Sunda.

Abdullah Mustappa nyaéta panulis puisi, carita pondok, éséy, artikel, jeung tarjamah, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia. Karangan puisi Amir Hamzah meunang pasanggiri anu diayakeun ku Balai Bahasa Jakarta. Taun 1997,  Abdullah nampa  Penghargaan Jurnalistik Zulharmans ti PWI Pusat pikeun karanganna, Kita Butuh Dialog Budaya, anu dimuat dina Pikiran Rakyat.

Taun 2006 meunang Hadiah Sastra Rancage lantaran dianggap boga kontribusi dina mekarkeun sastra Sunda. Taun 2014,Abdullah deui meunang Hadiah Sastra Rancage pikeun kumpulan sajakna, Titimangsa: 68 Sajak Alit.

Abdullah kungsi jadi wartawan koran FUSI, majalah Mimbar jeung koresponden Tempo. Rédaktur tabloid Sunda Galura (Grup Pikiran Rakyat), rédaktur Pikiran Rakyat, jeung wakil rédaktur Majalah Manglé. Abdullah oge pernah ngarang tokoh fiksimini Mang Ohle, sarua jeung tokoh Si Kabayan nu jadi panutan urang Sunda. Mang Ohle jadi maskot Harian Pikiran Rakyat.

Buku-buku karangan Abdullah anu geus medal diantarana Hang Tuah (1974), Lembur Singkur (1979), Nu Teu Kungsi Kalisankeun (1981), Mikung (1983), Si Mata Heulang (1980), Wirahma Sajak (ngawanohkeun aprésiasi puisi keur SMA. mahasiswa, 1985), jeung Cihaliwung Nunjang Ngidul (1995). Ayeuna tulisan Abdullah loba dimuat dina Pikiran Rakyat, Galura, Manglé, Tribun Jabar, jeung média citak séjénna.

Wawuh, panggih, jeung bisa ngobrol uplek jeung tokoh-tokoh anu dipikareureus jeung dipihormat ku balarea saperti  Aam Amilia jeung Abdullah Mustappa mangrupa  kahormatan nu kacida gede jeung munelna. Kuring bisa leuwih jero neuleuman pamanggih jeung rupa-rupa pangalamanana utamana dina widang media, karir sabage wartawan, jeung sabage pangarang katut sastrawan dina mangsa tilu henerasi.

Mugia wae  kontribusina kana dunya literasi Sunda jeung Indonesia umumna jadi catetan sajarah. *

   * Kin Sanubary, kolektor jeung pengelola Rumah Media Lawas, aktivis pertunjukan seni panggung musik film jeung teater, nganjrek di Tanjungwangi Kabupaten Subang, Jawa Barat. 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *