SundaNews (26/12/2024). Nata Sofia, salah saurang penyiar radio nu tos kawentar di Bandung, teu weleh someah darehdeh hade tata hade basa. Sok sanajan geus lila jadi penyiar, jeung malah ngabogaan radio sorangan, inyana henteu adigung tur sombong ka saha wae nu anyar tepung jeung manehna.
Kamampuanna dina ngolah hiji acara kawilang asak. “Lantaran tos biasa bari dibarengan ku resep tur keyeng,” ceuk Nata. Tadina mah saukur iseng, nganteur jajap babaturanana nua ngalamar jadi penyiar. Geuning antukna mah kalahka Nata nu lulus testing hareupeun mikrofon teh. Teu nyangka antukna bakalan matuh jadi penyiar radio.
Pikeun pendengar radio di Kota Bandung, ngaranna cukup dipikawanoh jeung moal bireuk deui. Nata Sofia, penyiar nu pangalamanna tos puluhan taun, geus ngajadikeun dirina ikon dina dunya penyiaran. Kacintana kana profési jeung konsistensi dina dunya radio ngajadikeun manéhna salah sahiji penyiar favorit utamana di Kota Bandung.
Nata Sofia Simowibowo, lahir di Bandung 22 Maret 1969, nikah jeung Ibnu Rubianto, praktisi IT. Alumni BPLP-NHI ieu boga bati tilu putra, nyaéta Avedis Kiana Fransiscus Raharto Mutter (31), Oktav Richard Florenciano Litana Mutter (28) jeung Ammar Wijaksono Saputra (20). Lamun ngobrol ngeunaan penyiar anu diidolakeun ku pendengar radio, tangtu unggal stasiun radio ngabogaan penyiar favorit, sarta salah sahiji penyiar idola nyaeta Nata Sofia.
Teh Nata, kitu sebutan nenehna (akrab), ngamimitian karirna salaku penyiar radio dina taun 1987 di Radio Generasi Muda atawa leuwih katelah Radio YG (Wai Jie), stasiun radio nonoman di Bandung, sarta mangrupa hiji-hijina radio genre musik rock di Indonésia. Radio Generasi Muda teras gentos namina janten Radio GMR (Radio Generasi Muda). Nata Sofia ngaran aslina, Nata Nadia ngaran udarana, ngaran anu masih diinget ti baheula nepi ka ayeuna. Harita mah pesimis bakal ditarimana teh, lantaran sainganna rea, jeung can boga pangalaman deuih.
Saencana, lalampahan karirna kungsi jadi penyiar di sababaraha stasiun radio anu kasohor di Bandung, nya éta Star FM, Her Radio, Pas FM, jeung B-Radio anu mangrupa bagian ti Ardan Group.
Nata Sofia teu ngan jadi penyiar senior. Nata oge henteu ngan ukur ngahibur pendengar kalayan sora anu halimpu di udara tapi ogé aktip salaku host jeung pembicara dina sagala rupa kagiatan kaasup seminar tur pelatihan ngeunaan penyiaran. Dedikasina ka dunya radio ngajajapkeun Nata daku tur diajenan salaku praktisi penyiaran senior nu legok tapak genteng kadek (berpengalaman).
Satutasna eureun jadi penyiar di stasiun radio anu terkenal, Nata Sofia teu otimatois eureun digawe tur ngotok ngowo di imah. Babarengan jeung salakina, Ibnu Rubianto, ahli IT, Nata Sofia der weh ngadegkeun NBS Radio, stasiun radio basis internét. Mimitina mah saukur hobi, tapi kabehdieunakeun satuluyna NBS Radio nu dikokolakeunana teh tumuwuh gancang sarta jadi forum anyar pikeun kreativitas.
NBS Radio nu didirikeun ku Nata lain ngan ukur siaran radio, tapi mangrupa wadah anu bisa nyambungkeun pamirsa, penyiar, musisi jeung sakabeh pihak anu aya pakuat-pakaitna jeung dunia radio. Program-program anu dipikaresep, kolaborasi jeung sababaraha pihak ngajadikeun Radio NBS salah sahiji stasiun radio anu populer di Bandung.
Nata Sofia, mangsa siaran di udara (on air), kalayan sora anu halimpu, mangrupa conto anu sampurna pikeun penyiar entragan anyar. Nata garasa bagja tbisa ngabagi inpormasi sarta pangaweruh. Salian ti eta ngarasa bagja oge lamun pamirsa ngarasa bisa tur jadi leuwih pinter dina sababaraha widang.
Konsistensi Nata dina dunya siaran radio ngajadikeun inyana conto tuladan pikeun entragan anyar utamana nu minat kana dunya penyiaran radio. Hasil tarekahna salila ieu geus bisa nganteurkeun manehna boga julukan jadi salah sahiji penyiar favorit di Bandung.
Nata Sofia, ngarasa yén manéhna téh acan jadi nanaon, rek terus diajar lamun manehna bisa jeung sanggup, sarta bakal neruskeun babagi pangaweruh jeung saha wae, kitu pokna teh nandeskeun. (kin sanubary).
Comments