SundaNews (09/01/2025). Devika Aulia Dwita Sari mangrupa panari bakat jeung koreografer asal Bandung anu geus ngahontal rupa-rupa prestasi di tingkat provinsi. Salasahiji préstasi nu nyongcolangna ny éta meunang pangajén Koreografer Terbaik dina Festival Tari Karnaval Adhikarya Nusantara taun 2014. Devika ngawihkeun tari kontemporer anu diilhaman ku folklor Indonésia.
Salian ti éta, Devika ogé junun nyangking jawara tari dina Festival “Tandang Adu Kreasi Ibing Jaipong Sa-Jawa Barat” dina kategori réngking patandang taun 2009.
Henteu ngan ukur unggul sacara individu, Devika ogé aktip ngamajukeun seni tari salaku koreografi ekstrakurikuler nalika SMK. Salian ti éta, Devika ayeuna aktif jadi mahasiswa pertukaran mandiri 3 (PMM3) di Universitas Islam Makasar.
Dedikasi Devika pikeun ngawétkeun jeung mekarkeun tari Indonésia ngajadikeun dirina jadi inohong inspiratif pikeun generasi ngora, ogé jadi duta budaya di panggung provinsi Jawa Barat. (Slasa Bila, mahasiswa Prodi Jurnalistik Stikom Bandung, Jawa Barat).
Comments