Tokoh

Komaludin Alamsyah, Patani Inovatif Sukses Ti Pangalengan

0

SundaNews (09/01/2025). Komaludin Alamsyah (68) nyaéta hiji patani suksés asal Pangalengan, Kabupatén Bandung, anu dipikawanoh ku dedikasina dina widang patanian. Ti leuleutik, Komaludin geus wawuh jeung dunya patanian, sanajan sempet ngajalankeun pagawean séjén saméméh mulang deui fokus kana widang ieu. Kiwari, Komaludin jadi pupuhu tur ngokolakeun  Kelompok Tani Putra Laksana dina waidang sayur-mayiur.

Kasuksésan Komaludin teu leupas tina inovasi anu diterapkeun dina téknik patanian. Inyana ngamangpaatkeun téknologi modern pikeun ningkatkeun produktivitas sarta kualitas hasil panénna. Kalawan pendekatan ieu, inyana mampu nyumponan paménta pasar, boh lokal boh internasional.

Di daerah Pangalengan anu subur, nu dipikawanoh minangka salah sahiji penghasil sayuran panghadéna di Indonesia, Komaludin ngamimitian usaha patanian sacara serius saprak nyaho  poténsi nu sakitu gedéna anu dipibanda ku daérahna. Dina sababaraha taun, Komaludin geus bisa  ngarobah kelompok tanina jadi salah sahiji kelompok panghareupna dina produksi hortikultura.

Carita kasuksésan Komaludin ieu penting lantaran mere inspirasi ka patani séjén di Pangalengan jeung sabudeureunana. Inyana  nunjukkeun yén ku inovasi sarta pagawéan nu tigin, sektor patanian tiasa jadi sumber panghidupan anu ngajangjikeun. Sajaba ti éta, kasuksésanna ogé nyumbang kana perekonomian lokal sarta ningkatkeun karaharjaan masyarakat.

Komaludin ngahontal kasuksésan ieu ngaliwatan  rupa-rupa strategi. Inyana aktif dina palatihan sarta pamekaran kapasitas patani séjén di  wewenglonna, ogé ngawangun jaringan pamasaran anu kuat. Kalawan cara kieu, Komaludin teu ngan ukur ningkatkeun hasil patanian sorangan tapi ogé ngaberkah komunitas patani di sakurilingna . (Alfi Alyandra, mahasiswa Prodi Jurnalistik Stikom Bandung, Jawa Barat)

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *