Napak Tilas

Daeng Sutigna: Bapa Angklung Indonesia (1)

0

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (17/11/2026). Sumbangsih Sunda ka nasional Indonésia di antarana waé musik angklung diatonis (ngagunakeun nada: do-ré-mi). Malah ayeuna mah angklung téh geus ngadunya. Éta minangka buktina yén dipikaresep, turta dianggap sajajar jeung musik lianna.

Anu mokalan nyieun angklung diatonis téh Daeng Soetigna (baca: Daéng Sutigna), dina taun 1930-an, di Kuningan.

Mémang ari angklung mah ti saméméhna ogé geus aya, ngan pédah ngagunakeun nada péntatonis (da-mi-na-ti-la). Angklung kaasup kana waditra kasenian buhun, jeung lain di Sunda wungkul deuih. Fungsina ogé teu ngan saukur pikeun kasenian wungkul, tapi deuih sok digunakeun dina upacara ritual. Upamana waé di Baduy, angklung sok ditabeuh dina upacara mangsana usum halodo entak-entakan sangkan buru-buru turun hujan.

Nya ku jasa Daeng naékna pamor angklung téh. Anu tadina ukur pakakas anu mindeng digunakeun dina jajaluk (baramaén), angklung bisa naék harkat. Tangtu waé cundukna ka dinya téh henteu babari, da ngaliwatan heula prosés anu kaitung panjang.

Daéng dilahirkeun di Garut, taun 1908. Tepi ka kiwari téh geus leuwih ti opat welas windu. Daéng mimiti ngulik pikeun ngarobah nada angklung téh ti umur lilikuran, waktu keur jadi guru di Kuningan.

Lantaran ngaranna Daéng, bet loba anu nyangka turunan Bugis. Enya, apan sesebutan kitu téh ilaharna digunakeun dina ngaran menak ti wewengkon Sulawesi Kidul.

Naha bet dibéré ngaran Daeng? Tétéla aya sajarahna. Waktu keur sakola guru, bapana Daeng téh (ngaranna Kartaatmadja) sakelas jeung Daeng Ardiwinata. Malah beunang disebutkeun nyobat.

Sajaba ti nyobat, Kartaatmadja hormat pisan ka Daeng Ardiwinata, tepi ka kedal ucap, mun boga anak lalaki rék dingaranan Daeng. Nya Daeng Soetigna téa.

Ari Daeng Ardiwinata mah (saterusna jadi tokoh pergerakan, sastrawan Sunda, tur kungsi jadi Ketua Paguyuban Pasundan entragan munggaran) mémang enya turunan bangsawan Bugis anu dibuang ka Bandung, ngan pédah ti garis indung éta mah Sunda pituin.

Waktu Daeng Soetigna ngayakeun muhibah ka Malaysia, nya bisa tepung jeung sawatara gegedén di éta nagara. Sarua deuih di Malaysia gé Daéng disangka urang Bugis. Malah Wakil Perdana Menteri Malaysia, Tun Abdul Razak mah tepi ka pok pisan, “Pak Daeng Soetigna ini, Bugisnya dari mana, ya? Saya juga keturunan Bugis.”

Ditanya kitu téh Daeng ukur ngahéhéh. “Saya mah asli Sunda,” pokna.

Bibit buit Daeng téh saenyana ti Pangandaran, boh ti pihak bapa boh ti pihak indung (Rd. Ratna Soerasti).  Mas Kartaatmadja kungsi dibenum jadi guru di wewengkon Pameungpeuk, pakidulan Garut. Daeng gé lahirna di dinya, poé Rebu, tanggal 13 Méi 1908.

Di antara adi Daeng téh aya dua anu manggung, nyaéta Prof. Dr. Oténg Soetisna (guru besar di IKIP Bandung), jeung Oejéng Soewargana (tokoh Angkatan 1945, intelektual, anu saterusna sohor jadi pangusaha pamedalan buku).

Ti umur tujuh taun, Daeng geus misah ti kolot, lantaran kudu asup ka HIS (sakola dasar anu ngagunakeun bawa Walanda pikeun basa panganteurna) di Garut (duméh di Pameungpeuk mah ukur aya sakola rayat wungkul). Guru idola Daeng di HIS Garut nyaéta Meneer Ios Wiriaatmadja (sarua deuih engkéna jadi tokoh pergerakan jeung aktif di Paguyuban Pasundan).

Ku guru-guruna di HIS, Daeng Soetigna téh sok disarebut Oetig (baca: Utig). Ceuk pangangkenna, Daeng téh lain murid anu kayungyun. Kitu lah deukeut-deukeut kana nalaktak, jeung geus beuki udud. Najan kitu, ku babaturanana dipikaresep, lantaran bisa gaul, gedé heureuy, jeung pinter ngadongéng. Mun Daeng ngadongéng, biasana sok diuk dina méja, diriung ku babaturanana. Lantaran awakna leutik, katémbongna téh mani nyéngclé. Éta pangna ku batur sasakolana mah Daeng sok disarebut Si Éclé. Tepi ka kolot ogé angger sok disebut kitu, ngan pédah dirobah saeutik jadi Pa Éclé.

Satamatna ti HIS, Daeng neruskeun ka sakola guru (Kweekschool). Nya ti mimiti harita Daeng resep kana musik téh. Sanggeus meunang diploma, Daeng dibenum jadi guru di Cianjur, terus dipindahkeun ka Kuningan.

Tah, nya waktu keur jadi guru di Kuningan pisan. Daeng mimiti ngaropéa angklung téh. Ari nu disebut angklung dina jaman harita, teu kurang teu leuwih ukur pakakas paranti jajaluk. Klang-klung, klang-klung dina poé pasar, susuganan aya nu haat ngalungan duit kencring pangaji sapésér. Kaitung hadé milik mun aya nu méré sasén mah. Sakapeung mapay ka saban buruan, ngadon ngamén, bari mimindengna mah pribumi cukup ku ngajawab, “Persaben, Mang ….” Enya, mun jaman ayeuna mah teu béda ti tukang ngamén—ngan meureun baheula mah tacan riab di saban parapatan.

Kitu anu kasaksén ku Daeng di Kuningan, taun 1930-an. Harita Daeng geus jadi guru HIS, satamatna ti Kweekschool, taun 1928 téh. Geus rumah tangga deuih, tur geus boga budak.

Pareng dina hiji poé, Daeng keur ngadaweung dina papanggé, jol tukang jajaluk. Sonder dipénta ogé, éta tukang jajaluk langsung nyadakeun angklungna, ari laguna “Cis Kacang Buncis”.

Ceuli Daeng anu geus wanoh kana musik Barat—hasil didikan Walanda, bet terus kataji ku sora angklung, tepi ka pok pisan, “Cing, Mang, sakali deui.” Puguh waé tukang jajaluk téh atoh, sabab geus kaerong bakal meunang buruhan rada lumayan. Tara-tara ti sasari maké aya anu ménta tambah lagu sagala. Komo deui dina émprona mah pribumi teu cukup ku ngadéngékeun dua lagu; ménta deui tambah, menta deui tambah, tepi ka koléksi lagu tukang jajaluk béak, da mémang bisaeunana ogé ukur sawatara lagu waé.

“Mang, éta angklung téh dipésér waé ku abdi,” cék Daeng.

Tukang jajaluk ngarénjag. Bet piraku teuing aya pantar ménak rék meuli angklung. Jeung deuih, apan éta angklung téh sasat geus jadi modal néangan pangupa jiwa. Ngan ku sabab pribumi rada maksa, bari nawarna gé rada mahal, antukna ku tukang jajaluk téh dijual.

Daeng asa boga cocooan anyar. Éta angklung terus disada-sadakeun, bari sorana dilenyepan. Daeng téh mémang resep kana musik ti keur sakola kénéh ogé. Hitar, piano, mandolin, piul, jeung harmonika sasat geus jadi cocooan sapopoé. Lamun rék ngajarkeun lalaguan ka muridna, Daeng mah sok bari mekel waditra, pikeun mirig barudak anu diajar nyanyi. Éta pangna Meneer Daeng ku murid-muridna dipikaresep ogé. Jaba deuih ari di kelas téh sok sulap.* (nyambung)

        *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas