Kolom Mahasiswa

Bandung Nyunda, Saukur Wangunan?

0

 

Ku: Meila Alfauzi Sukmawan

Bandung téh kota anu raket pisan jeung idéntitas Sunda. Salian ti dipikawanoh minangka kota kreatif, Bandung ogé miboga sajarah jeung budaya anu jadi bagian tina kahirupan masarakatna.

Kiwari, rupa-rupa parobahan dina infrastruktur kota mimiti mintonkeun ciri has Sunda, boh dina wangunan boh dina rohangan publik. Ieu parobahan tangtu bisa jadi salah sahiji cara pikeun ngawanohkeun budaya Sunda ka masarakat anu leuwih lega. Tapi, naha ngamumulé budaya Sunda kudu salawasna dimimitian ku ngarobah wangunan?

Ngawangun kota sangkan miboga ciri has Sunda mémang lain hal anu salah. Ornamen tradisional, desain wangunan, jeung rupa-rupa unsur budaya dina rohangan publik bisa jadi pangéling-ngéling kana jati diri masarakat Sunda. Tapi, aya hal anu teu meunang dipopohokeun: budaya lain ngan saukur perkara anu katempo ku panon, tapi ogé perkara anu hirup dina kabiasaan masarakatna.

Salah sahiji bagian penting tina budaya Sunda nyaéta basa. Basa Sunda lain ngan ukur alat komunikasi, tapi ogé ngandung ajén-inajén, tatakrama, jeung cara masarakatna ngajalin hubungan jeung sasama. Ngaliwatan basa, urang bisa mikawanoh kumaha urang Sunda ngajénan kolot, ngahargaan batur, jeung ngajaga karukunan dina kahirupan sapopoé.

Nanging, dina kahirupan masarakat kota, pamakéan basa Sunda mindeng kasisih ku basa séjén. Teu saeutik jalma anu leuwih biasa ngagunakeun basa Indonesia dina paguneman sapopoé, kaasup nalika ngobrol jeung sasama urang Sunda. Tangtu, ngagunakeun basa Indonesia lain hiji kasalahan. Basa Indonesia miboga kalungguhan penting minangka basa persatuan. Anu jadi kahariwang nyaéta lamun basa Sunda beuki jarang dipaké, nepi ka generasi ngora ngarasa asing kana basana sorangan.

Dina kaayaan saperti kieu, urang perlu mikir deui ngeunaan harti ngamumulé budaya. Naha cukup ku ngajadikeun kota katémbong leuwih nyunda, sedengkeun basa Sunda henteu salawasna dipaké ku masarakatna? Naha urang geus bisa disebut ngamumulé budaya lamun wangunan miboga ciri tradisional, tapi basa anu jadi bagian tina idéntitas éta budaya beuki ditinggalkeun?

Ngamumulé basa Sunda sabenerna bisa dimimitian tina hal-hal basajan. Di lingkungan kulawarga, kolot bisa ngabiasakeun barudak ngobrol ngagunakeun basa Sunda. Di sakola, basa Sunda bisa diajarkeun henteu ngan saukur minangka mata pelajaran, tapi ogé minangka bagian tina kahirupan sapopoé. Kitu deui di lingkungan masarakat, pamakéan basa Sunda bisa terus dihirupkeun dina kagiatan sosial jeung budaya.

Pamaréntah ogé bisa boga peran leuwih lega dina ngajaga idéntitas Sunda. Salian ti ngamekarkeun infrastruktur anu miboga unsur budaya lokal, pamaréntah bisa ngarojong kagiatan kasundaan, karya sastra Sunda, jeung kreativitas generasi ngora dina ngagunakeun basa Sunda. Ku kituna, budaya Sunda henteu ngan ukur jadi hiasan kota, tapi tetep hirup dina diri masarakatna.

Saleresna, Bandung henteu kudu milih antara jadi kota modéren jeung ngajaga budaya Sunda. Kamajuan kota jeung kalestarian budaya bisa lumangsung babarengan. Infrastruktur bisa terus diwangun, rohangan publik bisa terus dibebenah, tapi basa jeung ajén-inajén lokal ogé kudu meunang perhatian anu sarua.

Pamustunganana, kota anu nyunda lain ngan kota anu wangunanana dihias ku ornamen tradisional. Kota anu nyunda nyaéta kota anu masarakatna masih daék ngagunakeun basana, ngajaga tatakramana, sarta reueus kana idéntitas budayana.

Sabab, ngamumulé Sunda téh lain ngan saukur ngarobah rupa kota sangkan katémbong nyunda, tapi ogé ngajaga sangkan basa jeung budayana tetep hirup dina kahirupan masarakatna.

*Meila Alfauzi Sukmawan, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyanghareupan panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.