IN MEMORIAM

Wilueng Angkat, Guruh …

0

 

Ku: Ridhazia

LAMUN urang inget ka Guruh Soekarnoputra, tangtu inget ogé kana lagu-lagu legendaris saperti Kala Sang Surya Tenggelam, Melati Suci, Zamrud Khatulistiwa, Lenggang Puspita, Mahadaya Cinta, jeung Galih dan Ratna.

Pangarang lagu-lagu nu jadi kenangan dina taun 1970-an éta ayeuna geus taya. Anjeunna pupus dina yuswa 73 taun lantaran gering, Saptu (26/9) di Jakarta.

Anak bungsu Présidén Soekarno ti Fatmawati, sakaligus adi Présidén Megawati, Guruh téh saurang politikus PDI Perjuangan anu kungsi kapilih jadi anggota DPR nepi ka 2024.

Najan kitu, kiprahna dina widang pulitik kalah ka kasilep ku sosokna minangka seniman, utamana dina widang seni tari jeung seni musik.

Swara Mahardika

Ngaran Guruh mimiti beuki dipikawanoh sanggeus anjeunna ngadegkeun grup kasenian Swara Mahardika jeung GSP Production. Anjeunna ogé ngadegkeun grup Guruh Gipsy jeung Gank Pegangsaan babarengan jeung Keenan Nasution, Abadi Soesman, jeung Chrisye.

Wilujeng  angkar, Guruh!*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in IN MEMORIAM