Ku: Ridhazia
NGANJANG ka Bandung karasa can sampurna lamun can nyempetan leumpang bari ngararasakeun tapak-tapak wangunan klasik jaman kolonial. Ayeuna, loba di antarana geus dialihfungsikeun tina imah pribadi jadi factory outlet, kafe, nepi ka guest house.
Arsitéktur wangunan kolonial éta sumebar di wewengkon Ciumbuleuit, Cipaganti, jeung Dago. Baheulana éta téh mangrupa kawasan padumukan élit jaman kolonial, kalayan ciri has jandéla badag, lalangit anu luhur, jeung tihang-tihang anu pageuh.
Teu kaliwat, aya ogé Gedong Sate jeung sabudeureun Jalan Diponegoro. Salian jadi puseur kantor pamaréntahan, ieu wewengkon baheulana mangrupa padumukan para pajabat Walanda, kalayan arsitéktur Art Deco tropis anu nepi ka kiwari masih kénéh ajeg, éndah, tur miboga kaunikan sorangan.
Kitu deui di wewengkon Riau jeung Cisangkuy. Sanajan ayeuna loba nu geus robah fungsi jadi kafe, rumah makan, atawa guest house, wangunan warisan Walanda éta masih ngajaga wangun aslina. Pakaranganna lega, témbokna kandel, jandélana badag, sarta tihangna jangkung tur pageuh.
Henteu ngan saukur matak narik tina sisi visual, tapi ogé miboga ajén artistik anu luhur. Leuwih ti éta, wangunan-wangunan éta kacida kuatna nepi ka mampuh tahan ratusan taun lantaran diwangun ku bahan alam anu padet jeung kai pilihan saperti jati atawa ulin, anu tahan kana rayap jeung cuaca anu ekstrim.
Tangtu waé, kaparigelan para arsiték asal Éropa anu geus loba pangalaman ogé jadi salasahiji alesan naha wangunan kolot warisan jaman kolonial éta masih awét, éndah disawang, sarta sanggup nangtung pageuh nepi ka kiwari.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments