Kolom Sosial Politik

Tunjangan Jenderal Nembus Rp 48,6 Juta

0

 

Ku: Ridhazia

KAWIJAKAN ieu ditetepkeun sanggeus aya kanaékan tunjangan kinerja (tukin) di lingkungan Kamentrian Pertahanan (Kemenhan) jeung TNI.

Istana mastikeun, kanaékan tukin éta dilaksanakeun lantaran pagawé Kemenhan jeung prajurit TNI can kungsi meunang panyaluyuan tunjangan ti saprak taun 2018.

Dumasar kana Peraturan Présidén (Perpres) Nomor 42 jeung 43 Taun 2026 anu geus ditandatanganan ku Présidén Prabowo, tunjangan kinerja pikeun pagawé Kemenhan jeung prajurit TNI anu saméméhna 70 persén, ayeuna naék jadi 90 persén.

Kalawan ayana aturan anyar éta, saurang perwira tinggi béntang opat bisa narima tunjangan kinerja nepi ka Rp48.613.500 sabulan.

Kumaha nasib PNS?

Pamaréntah can naékkeun gaji PNS dina taun 2026 lantaran kawatesanan anggaran. Dana nagara leuwih diprioritaskeun pikeun ngabiayaan rupa-rupa program prioritas nasional.

Istana ngajelaskeun, rohangan fiskal (fiscal space) nagara can nyukupan pikeun ngalaksanakeun panyaluyuan gaji PNS.

Kitu deui gaji guru. Deui-deui, Istana ngajadikeun kawatesanan kauangan nagara minangka alesan. Ceuk pamaréntah, kaayaan éta dipangaruhan ku bocorna anggaran jeung prakték under-invoicing, nyaéta bocorna panarimaan pajeg saméméh dana éta asup kana kas nagara. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.