Ku: Ridhazia
DPR ampir teu ngalaksanakeun fungsina sakumaha mistina. Sahenteuna, lembaga parlemén kiwari keur nyanghareupan krisis kalungguhanana minangka wawakil rahayat dina ngalaksanakeun fungsi check and balance.
Kalayan kecap séjén, DPR kiwari dianggap geus mintul, euweuh gadag. Para pulitikus nu dipilih ku rahayat leuwih resep ngarasakeun kanyamanan dirina tibatan ngingetan pihak éksékutif. Panonna peureum, ceulina ogé siga nu ditutup, utamana ka présidén.
Koalisi Raksasa
Disangka, akar pasualanana téh lantaran dominasi partéy-partéy pangrojong pamaréntah kacida gedéna. Balukarna, rohangan pikeun oposisi nu kritis beuki heureut.
Nu karasa ayeuna, DPR mindeng dianggap ngan ukur ngalanggengkeun kahayang pihak éksékutif atawa oligarki, bari teu dibarengan ku padungdengan nu substansial.
Malah, aya sabagian pulitikus jeung partéy nu milu kabawa kana pasualan program nu matak ruwet, saperti dina MBG jeung Koperasi Désa Merah Putih (KDMP).
Ulah Nyalahkeun Rahayat
Ulah nyalahkeun rahayat lamun mahasiswa jeung rupa-rupa unsur masarakat sipil di Indonésia antukna nyokot alih kalungguhan pangawasan sosial.
Ngaliwatan démonstrasi gedé-gedéan, ieu golongan kakuatan moral mampuh nepikeun koreksi sacara langsung ka présidén.
Démonstrasi kiwari jadi salah sahiji instrumén pangpentingna pikeun nepikeun kritik, koreksi, jeung pangawasan ka nu nyekel kakawasaan. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments