Kolom Sosial Politik

Final Piala Presiden, Ngalanggar Aturan FIFA?

0

 

Ku: Ridhazia

TEU  nyaho  lantaran teu apal, kapaksa, atawa ku alesan séjén. Nu écés, rencana final Persib Bandung ngalawan Persibaya Surabaya disebut-sebut henteu saluyu jeung aturan FIFA.

Numutkeun aturan fédérasi maén bal profésional dunya, sakabéh klub maén bal profésional wajib miboga jeda istirahat sahenteuna 72 jam atawa tilu poé di antara dua pertandingan.

Mangsa 72 jam éta diitung ti saprak wasit niup péluit ahir pertandingan nepi ka kick-off pertandingan saterusna.

Sedengkeun jeda istirahat Persib jeung Persibaya ti saprak semifinal nepi ka final kurang ti 48 jam.

Burnout

Éta aturan dijieun pikeun ngajaga kaséhatan jasmani jeung méntal pamaén tina résiko kacapéan nu kaleuleuwihi sarta cidera. Hususna pikeun nyegah burnout, nyaéta kaayaan kacapéan méntal jeung fisik, kaasup résiko gangguan kardiovaskular alatan kurangna waktu pikeun mulangkeun kabugaran awak.

Patarosan Igor Tolić

Saméméhna, masalah pondokna jeda istirahat ieu kungsi dipasualkeun ku palatih Persib Bandung, Igor Tolić. Manéhna ménta katerangan ngeunaan jadwal final Piala Présidén 2026 lantaran dianggap henteu nyumponan standar waktu pamulihan pamaén.

Persib kudu maén dina partéy final kurang ti 48 jam sanggeus ngalakonan pertandingan semifinal ngalawan Persija Jakarta. Kaayaan éta dianggap henteu luyu jeung rékoméndasi FIFA anu netepkeun yén jeda antarlaga idéalna sakitar 72 jam. *

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.