Ku: Ridhazia
DIBERITAKEUN, aksi mahasiswa di Jakarta mawa lima tuntutan utama. Salian nungtut sangkan pamaréntah ngeureunkeun pamborosan APBN, maranéhna ogé ménta supaya harga kabutuhan poko jeung bahan bakar minyak (BBM) diturunkeun.
Mahasiswa ogé nungtut sangkan Program Makan Bergizi Gratis (MBG) jeung pangwangunan Koperasi Désa Merah Putih distop. Sajaba ti éta, maranéhna nolak militérisme dina ranah sipil.
Tina sakabéh tuntutan éta, iwal nu patali jeung program pulitik, hal anu pangmendesak pikeun pamaréntahan Présidén Prabowo nyaéta wani ngaku kasalahan sarta eureun néangan alesan pikeun ngabelaan diri.
Ngaku Salah
Dina widang psikologi, ménta dihampura lain perkara gampang pikeun saurang kapala nagara. Sabab, éta bisa dihartikeun minangka wujud kerentanan (vulnerability) anu dipintonkeun ku présidén.
Dina budaya pulitik nu tangtu, léngkah saperti kitu sok dianggap minangka résiko anu bisa ngurangan wibawa pamingpin.
Padahal dina pulitik modéren, ménta dihampura téh mangrupa bukti kawani pikeun nyingkirkeun ego, sakaligus némbongkeun kasadaran diri (self-awareness) sangkan henteu hirup dina ilusi ngeunaan dirina sorangan.
Tina sudut pandang psikologi sosial jeung pulitik, pangakuan kana hiji kasalahan téh mangrupa léngkah munggaran pikeun ngawangun deui kapercayaan masarakat anu geus ruksak.
Ulah Ngahindar
Paménta dihampura ti présidén ngagambarkeun handap asor sarta kasadiaan pikeun nanggung jawab. Ieu ogé bisa jadi strategi émosional pikeun ngurangan ketegangan publik, utamana dina usaha mulangkeun deui legitimasi pulitik di hareupeun rahayat.
De-Eskalasi Pulitik
Sababaraha panalungtikan psikologi pulitik, ti mimiti karya Shanto Iyengar, Daniel Kahneman, nepi ka David P. Houghton dina bukuna Psychology of International Relations, ngajelaskeun yén paménta dihampura ti tokoh pulitik bisa ngurangan résistansi jeung sikap défénsif masarakat.
Nalika saurang kapala nagara sacara kabuka ngaku kana kakirangan atawa kasalahan dina kinerjana, éta bisa memicu psikologi de-eskalasi.
Sabab, paménta dihampura anu tulus ti kapala nagara sanggup megatkeun ranté amarah jeung kuciwa rahayat. Leuwih ti éta, hal éta bisa ngarobah pendekatan anu saméméhna konfrontatif jadi leuwih empatik.
Pamustunganana, paménta dihampura ti saurang présidén boga fungsi minangka bentuk pangakuan yén rasa nyeri hate, kasusah, jeung sangsara anu karandapan ku rahayat téh diaku ayana ku nagara.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, pemerhati psikologi dan komunikasi sosial politik, bermukim di Bandung, Jawa Barat.



































Comments