Ku: Ridhazia
DINA ieu kasempetan, skuad asal Bandung Persib “ngalawan” FIFA (Fédération Internationale de Football Association), nyaéta organisasi internasional induk anu ngatur jeung ngokolakeun olahraga maén bal di sakuliah dunya.
Perlawanan kali ieu lain lumangsung di stadion anu lapanganna héjo ku jukut. Tapi di rohangan arbitrase Court of Arbitration for Sport (CAS) di Lausanne, Swiss, anu patalina jeung pasualan hukum sarta administrasi.
Dihukum
Skuad jawara Super League 2025/2026 ieu dihukum ku organisasi induk maén bal internasional ku larangan ngadaptarkeun pamaén anyar.
Ku ayana pasualan ieu, FIFA ngajatuhan hukuman tegas ka skuad Maung Bandung dina wangun larangan mindahkeun atawa ngadaptarkeun pamaén anyar.
Sanksi pikeun Persib diumumkeun ku FIFA ngaliwatan akun resmi FIFA Registration Bans (Daptar Larangan Pendaptaran FIFA), anu mimiti diberlakukan ti tanggal 29 Méi 2026 nepi ka wates waktu anu ditangtukeun.
Pasualan
Sanksi ti FIFA asalna tina pasualan antara Persib jeung urut pamaénna, Daisuke Sato.
Kontrak bek asal Filipina éta réngsé leuwih gancang dina taun 2023, anu tuluy digantikeun ku sasama pamaén asal Filipina, Kevin Ray Mendoza.
Sato tuluy ngalebetkeun gugatan nepi ka FIFA mutuskeun yén Persib wajib mayar santunan sakitar Rp3 miliar. Persib saterusna ngalebetkeun gugatan balik kana kaputusan FIFA, tapi gugatan éta ditolak.
Santunan éta wajib dibayar ku Persib dina jangka waktu 45 poé sanggeus kaputusan FIFA dikaluarkeun dina 22 Séptémber 2024.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, ngajrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments