Ku: Ridhazia
ISTILAH “sepak bola gajah” ramé deui di jagat média sosial sanggeus skuad Borneo FC meunang badag 7-1 nalika ngalawan Malut United dina laga minggu pamungkas Super League 2026 nu lumangsung di Stadion Segiri, Samarinda, Saptu (23/5/2026).
Ngatur Skor
Sepak bola gajah nyaéta istilah pikeun nyebut pertandingan anu kacemar ku praktik kecurangan (match fixing), nalika dua tim nu tanding ngahaja maén teu sportif, éléh ngahaja, atawa ngahaja ngantep lawan nyitak gol. Tujuanana pikeun ngatur skor jeung meunang kauntungan dina klasemen.
Kamus Sepak Bola Indonesia
Istilah unik “sepak bola gajah” ieu mémang has. Teu kapanggih dina kamus sepak bola profésional di dunya, iwal jadi catetan sajarah sarta “situs bersejarah” dina perjalanan sepak bola Indonesia.
Dina dunya internasional, praktik saperti kieu leuwih dipikawanoh ku istilah téknis saperti match-fixing, manipulation of matches, atawa sporting misconduct nu geus diatur ketat dina FIFA Disciplinary Code.
Sanajan dina léksikon kamus sepak bola profésional global teu aya frasa “sepak bola gajah”, sacara téknis sanksi hukumanna tetep sarua: diskualifikasi tim, denda, nepi ka larangan milu kagiatan dina dunya sepak bola pikeun para palakuna.
Ti Taun 1988
Sacara historis, istilah “sepak bola gajah” mimiti populér ti saprak laga Persebaya Surabaya ngalawan Persipura Jayapura taun 1988, sanggeus pertandingan kontroversial dina kompetisi Divisi Utama PSSI 1987/1988.
Persebaya Surabaya diduga ngahaja éléh kalawan skor telak 0-12 supaya PSIS Semarang tergusur. Jeung, istilah éta jadi leuwih lengkep lantaran pertandingan dipingpin ku wasit asal Lampung, daérah nu harita raket pisan jeung pagelaran sirkus nu ngalibetkeun gajah.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments