Napak Tilas

Bandung Puseur Dayeuh Priangan

0
Suasana Alun-Alun Kota Bandung baheula dina taun 1900. Katingalna basajan pisan, kawas nu can beres dibangun. (DndaNews/Indonesia Masa Lampau/Dok Foto rijksmuseum.nl)

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

 SundaNews (13/4/2026). Kawentarna téh apan Bandung jadi puseur dayeuh Priangan tepi ka diabadikeun dina lagu anu dianggap legendaris, “Halo-halo Bandung”. Geuning cenah: Halo-halo Bandung, ibu kota Periangan. Halo-halo Bandung, kota kenang-kenangan ….

Bisa jadi tepi ka mangsa révolusi mah, Bandung anu jadi puseur dayeuh Priangan téh leuwih dipikawanoh batan jadi puseur dayeuhna Jawa Barat, sok sanajan karesidénan téh sahandapeun provinsi. Pangna kitu téh lantaran pamaréntahan karesidénan jauh leuwih ti heula aya batan provinsi.

Bisa jadi deuih, bentuk pamaréntahan karesidénan leuwih deukeut ka balaréa batan provinsi. Kaharti mun kitu téh, apan lingkupna leuwih leutik. Provinsi téh diwangun ku sawatara karesidénan.

Provinsi Jawa Barat, atawa dina aturan pamaréntahan sok disebut Provinsi Pasundan deuih, diadegkeunana tanggal 1 Januari 1926, puseut dayeuhna di Batavia (sok disebut Batawi deuih, Jakarta ayeuna). Dua taun ti harita, disusul ku Provincie Oost Java (Jawa Timur). Mungkaskeunana ngadeg Provincie Midden Java (Jawa Tengah), taun 1929.

Ari ngadegna pamaréntahan karesidénan mah jauh saheulaeunana. Ngan waé dina tahap munggaran mah puseur dayeuh Karesidénan Priangan téh lain di Bandung, tapi di Cianjur. Dumasar kana arsip Walanda, dina taun 1819, ieu karesidénan téh geus aya. Ari anu jadi residénna nyaéta urang Walanda, ngaran Motman.

Jalur birokrasi dina abad ka-19 aya dua. Aya anu disebut kadaleman, anu mingpinna disebut dalem (regent, saterusna jadi bupati), anu posisina dicekel ku bangsa pribumi alias inlander. Sahandapeunana aya anu disebut distrik (kawadanaan), ditéma ku onder distrik (kacamatan), jeung désa. Éta mah beunang disebutkeun sistem pamaréntahan tradisional. Anu hiji deui aya anu disebut karesidénan, anu mingpinna disebut residén, anu posisina dicekel ku bangsa Walanda. Ka handapna aya anu disebut asistén residén, terus disambung ku kontrolir. Ari jabatan pangluhurna di tanah jajahan Hindia Walanda nyaéta Gupernur Jenderal, minangka gagantaran (perpanjangan tangan pamaréntah Karajaan Walanda di Nederland).

Pangna Cianjur, lain Bandung, anu mimiti kapilih jadi puseur dayeuh karesidénan téh dumasar kana sawatara tinimbangan kapentingan kolonial. Sacara géografis, Cianjur leuwih deukeut ka Batawi anu jadi puseurna pamaréntah Hindia Walanda, tempat matuhna Gupernur Jénderal. Lian ti éta, sumber ékonomi di Cianjur leuwih bisa diandelkeun batan Bandung. Harita, wewengkon Cianjur geus jadi sumber rupa-rupa komoditas hasil pertanian, utamana kopi anu jadi andelan dévisa pamaréntah kolonial.

Faktor séjénna, wewengkon Cianjur harita kaitung panglegana mun dibandingkeun jeung kabupatén lianna, nyaéta 3.731 pal pasagi (sapal téh sarua jeung 1,5 km). Bandingkeun jeung Sumedang anu 2,452 pal, atawa Bandung 1.527 pal. Jumlah-jamléh, legana wewengkon Karesidénan Priangan téh aya 8.929 pal pasagi.

Harita mah pikeun ngurus jeung nalingakeun wewengkon perkebunan kopi anu sakitu legana téh cukup ku 14 jalma waé. Sajaba ti residén jeung asisten residén anu ngarangkep jadi inspektur melak kopi téh, ditambahan ku tilu komis (kelas hiji, kelas dua, jeung kelas tilu anu ngarangkep jadi kapala pakgadé). Pajabat séjénna nyaéta aya tilu kontrolir (anu saurang tugasna di Sumedang, anu saurang deui di Bandung jeung Cianjur, jeung kontrolir katilu di Limbangan atawa Garut ayeuna). Minangka patugas anu langsung di lapangan nyaéta tilu kapala gudang (masing-masing di Karang Sambung, Cikao, jeung Cigangsa), ditambahan ku tilu jurutulis.

Kumaha ari gedéna panghasilan masing-masing pejabat? Beu, jauh tanah ka langit. Residén mah per bulanna digajih 500 rupia, ari jurutulis bangsa pribumi ukur 12,50 rupia. Leuheung kénéh jurutulis bangsa Walanda, per bulanna meunang 50 rupia. Mun diukur ku kakiwarian, asa teu kasawang meunang panghasilan 500 rupia sabulan, keur meuli kurupuk gé moal pimahieun.

Saméméh aya kawajiban Cultuur Stelsel, atawa tanam paksa, nyaéta kawajiban melak kopi katut komoditas pertanian lianna anu ditibankeun ka para patani golongan pribumi di sakuliah tanah jajahan, anu leuwih ti heula mah Priangan Stelsel. Ieu program pamaréntah kolonial téh dina émprona mah jadi sumber kasangsara rayat. Keur mah dibéré kawajiban ku Walanda, katurug-turug para gegedén pribumi gé teu kabéh ngajait nasib rayat, tapi kalah milu makmak-mekmek. Upamana waé harga kopi anu diduitan ku Walanda, ana geus datang ka patani mah jadi ngurangan, sabab sawaréh nyimpang kana pésak pribadi oknum gegedén pribumi. Ngeunaan hal ieu, upamana waé ku urang bisa dibaca dina buku Pangéran Kornél, karya Méméd Sastrahadiprawira, anu sok sanajan ukur carita fiksi, tapi bangunna mah dumasar kana fakta anu kajadian dina alam harita.

Wewengkon Kabupatén Cianjur harita dibagi jadi 16 distrik (kawadanaan). Pikeun nuduhkeun kumaha legana Cianjur dina alam harita, kiwari aya sawatara wewengkon anu asupna ka wewengkon séjén. Upamana waé Distrik Kandangwesi anu puseur dayeuhna Bungbulang ayeuna mah asupna ka Kabupatén Garut, atawa Distrik Gandasoli jeung Distrik Cicurug anu ayeuna asup ka Kabupatén Sukabumi.

Cianjur jadi puseur dayeuh karesidénan téh kurang leuwih 48 taun, sabab saterusna mah dina taun 1864 dipindahkeun ka Bandung. Saenyana, usulan mindahkeun puseur dayeuh karesidénan téh ti taun 1819 ogé geus aya, sakumaha anu diasongkeun ku Andreas de Wilde, dumasar kana tinimbangan sangkan wewengkon pasisian Priangan leuwih gancang mekar, ngan ku Gupernur Jénderal henteu digugu.

Pangna dipindahkeun ka Bandung téh, sabab ti mimiti pertengahan abad ka-19, tétéla Bandung jadi leuwih maju. Ari nu jadi sababna mah perkebunan anu aya di wewengkon Bandung leuwih gancang mekar batan nu aya di Cianjur. Bandung Kidul ti mimiti Pangalengan tepi ka Ciwidéy dibuka jadi perkebunan entéh ku para Preanger Planter, di antara Boscha.

Ti sanggeusna jadi puseur dayeuh karesidénan, Bandung tambah maju. Anu tadina ukur jadi kota produksi, otomatis saterusna mah jadi kota puseur pamaréntahan. Lian ti éta, jadi puseur perdagangan, puseur budaya, jeung jadi tempat rékréasi. Hanjakalna Bandung téh teu bogaeun laut.

 

Ti sanggeusna ngadeg Provinsi Jawa Barat, Cianjur geus teu jadi bagian ti Karesidénan Priangan, sabab terus diasupkeun ka Karesidénan Bogor. Jumlah karesidénan di Jawa Barat jadi aya lima, nyaéta Banten, Batavia, Bogor, Priangan, jeung Cirebon. Harita mah Karesidénan Priangan téh ngawengku lima kabupatén: Bandung, Garut, Sumedang, Tasikmalaya, jeung Ciamis.

Karéta api ti Batawi ka Bandung ditambah ku jalur anyar, nyaéta anu ngaliwat ka Cikampék, terus ngidul ka Purwakarta. Asalna mah ti Jakarta ka Bandung téh kudu ngaliwat heula ka Buitenzorg (Bogor), terus ka Cianjur, nyokot jalan ngidul heula ka Parungkuda. Ngahaja malibir heula ka dinya, sabab teu mungkin karéta api mun kudu nyokot jalur Puncak anu terusna ka Cipanas mah.

Mekarna Bandung dina awal abad ka-20 katambahan deui ku dibukana haminteu (gemeete), dina tanggal 1 Maret anu diresmikeunana 1 April 1906, dina jaman Gupernur Jénderal  J.B. van Heutz. Haminteu dipingpin ku burgemeester (walikota), anu salilana ogé dina jaman penjajahan mah dipasrahkeun ka bangsa Walanda. Walikota pangheulana nyaéta B. Coops, ari anu pamungkas, saméméh Walanda serah bongkokan ka pamaréntah pendudukan Jepang, dina taun 1942, nyaéta N. Beets.

Ti jaman kolonial kénéh gé di Bandung téh aya tilu puseur pamaréntahan, nyaéta tingkat karesidénan, kabupatén, jeung haminteu (istilahna kungsi robah jadi kotamadya, ari ayeuna mah disebutna kota). Saterusna katambahan deui jadi puseur pamaréntahan provinsi.

Tambah raména Bandung téh sanggeus pamaréntah kolonial ngadegkeun sakola. Di sawewengkon Hindia Walanda, rupa-rupa sakola téh umumna aya di Bandung. Éta pangna masarakat ti kabuptén séjén, malah ti luareun Karesidénan Priangan, sarakolana téh ka Bandung. Mana komo sanggeus diadegkeun THS (Technische Hoogeshool, anu ayeuna jadi ITB), anu daratang pikeun sakola di Bandung téh beuki abreg-abregan.

Puseurna komando militer Hindia Walanda gé ayana di Bandung, lain di Batavia. Éta pangna lamun hayang ngarebut Pulo Jawa, anu pangheulana kudu dijorag téh nya Bandung pisan. Anu matak serangan pasukan darat (infanteri) Jepang dina taun 1942, dipuseurkeunana téh ka Bandung, hanjatna ti basisir Éretan. Kitu deui kakuatan angkatan udarana, pangheulana nyerbu téh ka Bandung.*

        *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carpnis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas