Kolom Sosial Politik

Kudu Dihukum Panjara!

0

 

Ku: Ridhazia

PANGHAMPURA  sacara pribadi atawa perdamaian anu dibarengan ku bantuan naon waé antara korban jeung palaku tindak pidana teu sacara otomatis mupus sanksi pidana di Indonesia.

Kitu deui rasa simpati jeung empati ka korban ti oknum tentara jeung pulisi dina perkara Sudrajat, padagang és gabus.

Urusan Palaku jeung Nagara

Sabab dina sistem hukum pidana Indonesia, tindak pidana mangrupa pasualan antara palaku jeung nagara, lain saukur antara palaku jeung korban sacara pribadi.

Teu Aya Panghampura

Paménta hampura dina panyelesaian perkara pidana — anu dina hukum pidana dipikawanoh minangka konsép rechterlijk pardon atawa judicial pardon — ngan bisa dipertimbangkeun pikeun tindak pidana hampang.

Sedengkeun pidana hampang anu dimaksud dina hukum pidana Indonesia diwatesanan ku perkara anu diancam hukuman panjara atawa kurungan panglila tilu bulan jeung/atawa denda.

Restorative Justice

Panyelesaian perkara di luar pangadilan bisa waé dipertimbangkeun dina prosés hukum anu populér disebut restorative justice (kaadilan restoratif).

Nyaéta pendekatan panyelesaian perkara pidana anu nekenkeun kana mulangkeun deui kaayaan sakumaha asalna, dialog, jeung médiasi.

Tapi hal éta teu meunang ngahinakeun kaadilan, komo deui lamun palaku tindak pidanana téh aparat nagara nu maké seragam militér jeung pulisi.

Dipidana Wungkul!

Kalakuan oknum tentara jeung pulisi dina perkara padagang és Sudrajat teu boga kasempetan diréngsékeun ku panghampura dina vérsi rechterlijk pardon, judicial pardon, atawa restorative justice.

Tapi kudu diadili sacara kabuka: di pangadilan militér pikeun tentara, jeung di pangadilan umum pikeun pulisi. Jeung publik nunggu  kaadilan ti hakim.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.